Optimalisasi Lahan jeung keur Kedaulatan Pangan, DPC PDI Perjuangan Majalengka Ngabagikeun Bibit Pertanian

- 24 Maret 2023, 09:30 WIB
DPC DPI Perjuangan Kabupaten Majalengka nu munggaran jagong di lahan kebun rayat, di Blok Nanggerang Kelurahan Simpeureum Kacamatan Cigasong (22/03/2023). Program kebun rakyat teh keur optimalisasi lahan jeung kedaulatan pangan.
DPC DPI Perjuangan Kabupaten Majalengka nu munggaran jagong di lahan kebun rayat, di Blok Nanggerang Kelurahan Simpeureum Kacamatan Cigasong (22/03/2023). Program kebun rakyat teh keur optimalisasi lahan jeung kedaulatan pangan. /Ayank R Sambara/Galura



GALURA - Dina raraga optimalisasi lahan jeung keur kedaulatan pangan DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka bakal ngabagikeun bibit pertanian ka kaum ibu kalayan garatis, di antarana keur pepelakan di kebun rakyat jeung di pakarangan imah.

Kitu ditepikeun ku sekretaris DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka nu oge Wabup Majalengka, rengse panen munggaran jagong di lahan kebun rayat, di Blok Nanggerang Kelurahan Simpeureum Kacamatan Cigasong (22/03/2023). Program kebun rakyat teh keur optimalisasi lahan jeung kedaulatan pangan

"Kiwari, kebun rayat DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka nu aya dina lahan sewa legana 3 hektar tos dipelakan bibit pertania, di antarana rupa-rupa palawija sapertos jagong, shorgum, sampeu, boled katut cau. Leresn deui optimalisasi lahan sareng kedaulatan pangan kedah kahontal," ceuk Tarsono D Mardiana.

Baca Juga: Sat Reskrim Polres Majalengka Ngamankeun Beas Bulog di Pabrik Penggilingan Beas CV MPR

Disebutkeun Tarsono, rencana ngabagikeun bibit pertanian teh bukti merhatikeunana PDI Perjuangan ka kaum ibu sakaligus pikeun mengoptimalkeun jeung ngampaatkeun lahan di sabudeureun imah.

“Dina raraga ngabantos kaum ibu, naluki harga sabrang sareng kaperyogian dapur sanesna naek, urang paling henteu sasarengan gaduh merhatoskeun ibu rumah tangga, kajabi ti eta dina raraga ngajagi inflasi,” pokna.

Ngadalian Inflasi

Ceuk Tarsono hahargana naek, kaum ibu ngajerit. “Janten dina hal ieu PDI Perjuangan merhatoskeun ka ibu-ibu rumah tangga. Lahan kedah dimangpaatkeun. Ieu bagean ti tarekah PRI Perjuangan dina nanjeurkeun kedaulatan pangan sareng nahan angka inflasi,” pokna.

Ditambahkeun ku Tarsono, dibagina bibit pertanian bakal gawe bareng jeung Kelompok Wanita Tani (KWT) katut ibu ibu PKK.

“Di antawisna di lingkungan nu pangcaket heula, di wewengkon Simpeureum, saterasna di Cijati di sabudeureun sekretariat DPC PDI Perjuangan, tatanggi. Salajengna bakal lebet ka sababaraha wilayah sanesna, " ceuk Tarsono.

Dina eta kagiatan diluuhan oge ku rengrengan pangurus DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka, anggota DPRD Fraklsi PDI Perjuangan; Gugun Sugiana, Rinna Sri Isdiyati, Tantri Dwiyantie, Drs. H rasum, Iif Rivandi, H Nono Sudarsono, Ir. H Hamzah Nasyah, Edy Anas Djunaedi, Firda Hidayat, Dadang Ahmad Astari, H Sahidi, Didi Supriadi, Iman Nurmansyah, Randy Andries, tur Aan Supriatman.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x