Tb Hasanuddin Masrahkeun Bantuan Sound System ka Sasama Korwil Leuwimunding Kabupaten Majalengka

- 24 Maret 2023, 16:12 WIB
Tb Hasanuddin masrahkeun bantuan sound system ka Seniman Satatar Majalengka (Sasama) korwil Kecamatan Leuwimunding.
Tb Hasanuddin masrahkeun bantuan sound system ka Seniman Satatar Majalengka (Sasama) korwil Kecamatan Leuwimunding. /Ayank R Sambara/Galura

GALURA – Anggota DPR RI Mayjen TNI (P) Tb Hasanuddin masrahkeun bantuan sound system ka Seniman Satatar Majalengka (Sasama) korwil Kecamatan Leuwimunding dina acara Gelar Seni Pasisian.

Pamasrahan bantuan sound system ti Tb Hasanuddin waktu pagelaran Seni Budaya Pasisian Sasama Korwil Leuwimunding (12/03/2023). Anu masrahkeunana Ketua Umum Sasama, Deni Heriyanto Venom,

Ku lantaran keur pagelaran sound system ti Tb Hasanuddin teh langsung dipake. Dina gelar Senu Budaya Pasisisan pamilonna 14 desa sakaacamatan Leuwimunding. Unggal desa mintonkeun kasenian nu beda tepi ka aya 14 rupa kesenian: Kuda Penca, Jaipong, Silat, Singa Depok , Genjring, Burok, Sintren, katut Rampak Kendang.

Baca Juga: Dina Operasi Pekat Lodaya 2023 jeung Mapag Ramadhan Polres Majalengka Ngamankeun Ratusan Ulon-Ulon Kajahatan

"Hatur nuhun ka Pembina Umum Sasama Kang Jendral TB Hasanuddin parantos masihan bantosan ka seniman budayawan Majalengka. Pamugi sagala rupi kahadean pa Jenderal salami ieu kenging balesan ti Allah SWT, tur dipaparinan kasehatan tur kasuksesan sagala rupi nu dipumaksad," ceuk Ketua Umum SASAMA, Deni Venom.

Ketua DPC PDI Perjuangan Majalengka nu oge Bupati Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.M.Pd., netelakeun dina kapamimpinanna bareng wakil bupati Majalengka, Tarsono D Mardiana pihakna bakal motekarkeun seni budaya lokal, sangkan teu tilem.

Disebutkeun, Majalengka kacida beungharna ku seni budaya lokal, ditambah potensi pariwisata Majalengka. Teu munasabah, Majalengka kahareupna bakal kakoncara di tingkat nasional jeung di tingkat internasional.

"Hatur nuhun Pa Tb Hasanuddin nu taya reureuhna masihan bantosan ka Kabupaten Majalengka diantawisna ka seniman budayawan Majalengka. Tangtos ieu janten pangrojong dina ngamumule seni budaya sunda di Majalengka," ceuk Karna.

Tb Hasanuddin Politisi nu Nyunda

Tb Hasanuddin merhatikeun pisan kamotekaran budaya Sunda. Kituna teh lantaranan bapana guru nu ngadegkeun padepokan penca di Talaga, Kabupaten Majalengka.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x