Nyanghareupan Mudik Lebaran Sat Res Narkoba Polres Majalengka Sidak Tes Urine ka Supir jeung ka Kondektur

- 14 April 2023, 13:17 WIB
Supir jeung kondektur angkutan umum darat di Terminal Cipaku Kecamatan Kadipaten Kabupaten Majalengka, Kemis (13/4/2023).
Supir jeung kondektur angkutan umum darat di Terminal Cipaku Kecamatan Kadipaten Kabupaten Majalengka, Kemis (13/4/2023). /Ayank/Galura

GALURA -Enggoning nyanghareupan mudik Lebaran, Satuan Reserse Narkoba (Sat Res Narkoba) Polres Majalengka Polda Jabar ngalaksanakeun sidak tes urine ka supir jeung kondektur angkutan umum darat di Terminal Cipaku Kecamatan Kadipaten Kabupaten Majalengka, Kemis (13/4/2023). Ieu teh dina raraga Operasi Ketupat Lodaya 2023.

Puluhan supir katut kondektur angkutan umum dipariksa tes urine ku team ti Sat Res Narkoba Polres Majalengka Polda Jabar. Di terminal dipasang plang ngeunaan Operasi Ketupat Lodaya 2023. Dilakasanakeunana tes urine sangkan angkutan umum dina mudik Lebaran aman.

Ceuk Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto,S.I.K., ditepikeun ku Kasat Narkoba Polres Majalengka AKP Tatang Sunarya,S.E.,M.H., Sat Res Narkoba unggal nyanghareupan mudik Lebaran dina Operasi Ketupat Lodaya 2023 maneuh ngalaksanakeun tes urine ka supir jeung kondektur.

Baca Juga: Gerobak Senyum Polres Majalengka, Satlantas Polres Majalengka Ngabagikeun Takjil ka Masarakat

Harita aya 20 urang supir jeung kondektur angkutan umum darat, boh angkutan dalam kota boh angkutan umum luar kota antar provinsi nu ngaliwat ka Terminal Cipaku dites urine.

Tujuan test urine ka sakumna supir jeung kondekur pikeun mastikeun sakumna supir jeung kondektur euweuh nu ngonlsumsi narkotika. Hal eta tarekah pikeun ngajaga kasalametan panumpang tina human error supir.

"Supir nu tos di-test urine kalayan hasilna negatip dina sina neruskeun deui lalampahanana," ceuk AKP Tatang. "Alhamdulillah, teu kapendakan supir nu kaindikasi ngonsusmsi narkoba," ceuk AKP Tatang Sunarya.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x