Welcome and Farewell Parade Ngabageakeun Kapolres Majalengka

- 7 April 2023, 09:48 WIB
Welcome and Farewell Parade nu digelar  ku rengrengan Personil Polres Majalengka di Mapolres Majalengka, Kemis (06/04/2023), ngabageakeun Kapolre Majalengka anyar.
Welcome and Farewell Parade nu digelar ku rengrengan Personil Polres Majalengka di Mapolres Majalengka, Kemis (06/04/2023), ngabageakeun Kapolre Majalengka anyar. /Ayank R Sambara/Galura

GALURA - Kapolres Majalengka anyar Polda Jabar, AKBP Indra Novianto,S.I.K., dibageakeun ku acara Welcome and Farewell Parade nu digelar ku rengrengan Personil Polres Majalengka di Mapolres Majalengka, Kemis (06/04/2023).

AKBP Indra Novianto, S.I.K nu dipapag Welcome and Farewell Parade tadina Kapolres Bener Meriah Polda Aceh jadi Kapolres Majalengka, ngaganti AKBP Edwin Affandi, S.I.K.,M.H nu diangkat jadi Wadirlantas Polda Jabar.

Dina Welcome and Farewell Parade, Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto,S.I.K., dibarengan ku garwana, Mia Indra Novianto dipapag ku AKBP Edwin Affandi, S.I.K.,M.H dibarengan ku garwana, Pipit Edwin Affandi.

Baca Juga: Ngajaga Kamtibmas, Bhabinkamtibmas Polsek Banjaran Polres Majalengka Nganjang ka Toko Kelontongan

Satuluyna acara Laporan Kesatuan ku Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto jeung AKBP Edwin Affandi nu duluuhan ku sakumna Pejabat Utama Polres Majalengka, Kapolsek rengrengan Polres Majalengka sarta sakumna Perwira Polres Majalengka.

Diteruskeun ku acara Welcome and Farewell Parade Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto jeung AKBP Edwin Affandi di lapangan Apel Mapolres Majalengka.

AKBP Edwin Affandi ngahaturnuhunkeun ka sakumna anggota kana rojonganna salila inyana ngajabat Kapolres Majalengka. "Simkuring janten Kapolres Majalengka lamina 1 taun 8 sasih, ngaraos asa kamari janten Kapolres Majalennga,” pokna.

Inyana nyebutkeun tampa rojongan ti rengrengan sadayana simkuring moal tiasa ngalaksanakeun tugas kalayan hade.

Baca Juga: Dina Operasi Pekat Lodaya 2023 jeung Mapag Ramadhan Polres Majalengka Ngamankeun Ratusan Ulon-Ulon Kajahatan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah