Kapolsek Sindangwangi Polres Majalengka, Binluh di SMAN 1 Sindangwangi

- 6 Februari 2023, 13:15 WIB
Kapolsek Sindangwangi IPTU Wili Rukwili S.M., jadi Irup upacara bendara di SMAN 1 Sindangwangi sakaligus narasumber Binluh penyalahgunaan Narkoba, Kenakalan Rumaja jeung Tata tertib Lalu Lintas, Senen (06/02/2023).*
Kapolsek Sindangwangi IPTU Wili Rukwili S.M., jadi Irup upacara bendara di SMAN 1 Sindangwangi sakaligus narasumber Binluh penyalahgunaan Narkoba, Kenakalan Rumaja jeung Tata tertib Lalu Lintas, Senen (06/02/2023).* /


GALURA –Dina raraga binluh (bimbingan dan penyuluhan), Kapolsek Sindangwangi Polres Majalengka Iptu Wili Rukwili S.M., jadi Inspektur Upacara (Irup) di SMAN 1 Sindangwangi, Senen (06/02/2023).

Materi binluh nu dilaksanakeun ku Kapolsek Sindangwangi waktu jadi Irup di SMAN 1 Sindangwangi teh ngeunaan bahayana narkoba, kenakalan remana, jeung kudu tartib di jalan mun make kandaran.

Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi ditepikeun ku Kapolsek Sindangwangi netelakeun binluh di SMAN 1 Sindangwangi hiji lengkah antisipasi sangkan siswa teu kabaud dina disalahgunakeunana narkoba.

Baca Juga: Ngajarkeun Kamandirian, Siswa SDIT Persis Tarogong Garut Ngalaksanakeun 'Edu Staycation' di Nangewer

“Kajabi ti eta oge sangkan siswa henteu milampah hal-hal nu tiasa kagolongkeun kenakalan remaja. Siswa oge upami nganggo kandaran di jalan raya supados tartib. Nyandak surat kandaraan, gaduh SIM sareng ngestokeun rambu-rambu lalulintas, knalpot motor henteu brong” ceuk Kapolsek Sindangwangi.

Kapolsesk Sindangwangi nu dibarengan ku Kanit Binmas Polsek Sindangwangi, Bripka Indra, SE, nyebutkeun binluh teh tugas poko Polri, hususna binluh ka generasi ngora.

“Siswa siswi masih anom, masih resep life style, upamina ngagunakeun kandaraan knalpot brong,” pokna.

Pihakna cumeluk ka warga kaasup ka siswa sagkan ulah ngagunakeun knalpot nu ngaganggu katentreman madarakat. “Di jalan kudu tartib," ceuk Kapolsek Sindangwangi.

Ku ayana binluh nu dilaksanakeun maneuh, siswa henteu kabaud ku penyalahgunaan narkoba, kenakalan remaja, sarta di jalan tartib, henteu ngaganggu patali marga.*** Ayank R Samabara

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x