Ngaronda Bareng Warga, Inovasi Polres Majalengka keur Ngajaga Kamtibmas

- 22 Februari 2023, 10:30 WIB
Ngajaga Kamtibmas, Kapolres Majalengka Ngaronda Bareng Warga di Pos Sat Kamling Rt 29 Rw 15 Perum Sindangkasih Kalurahan Sindangkasih Kacamatan Majalengka Kabupaten Majalengka(21/02/2023).
Ngajaga Kamtibmas, Kapolres Majalengka Ngaronda Bareng Warga di Pos Sat Kamling Rt 29 Rw 15 Perum Sindangkasih Kalurahan Sindangkasih Kacamatan Majalengka Kabupaten Majalengka(21/02/2023). /Ayank R Sambara/Galura

GALURA - Polres Majalengka jeung Polsek Majalengka Kota Polda Jabar ngalaksanakeun inovasi kagiatan sangkan leuwih deukeut jeung masarakat sarta keur ngajaga Kamtibmas. Salahsahijina: Ngaronda Bareng Warga.

Salasa (21/02/2023) peuting dina ngajaga Kamtibmas, Kapolres Majalengka Ngaronda Bareng Warga di Pos Sat Kamling Rt 29 Rw 15 Perum Sindangkasih Kalurahan Sindangkasih Kacamatan Majalengka Kabupaten Majalengka.

"Ngaronda Bareng Warga mibanda tujuan kajabi supados langkung raket sareng warga oge nyiptakeun kondusifitas di masarakat Kabupaten Majalengka, supados Kamtibmas tetep kajagi," ceuk Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi.

Baca Juga: Ekspor Munggaran Kumeli jeung Buncis Kenya, Hasil Tatanèn Patani Pangalengan

Pihakna bisa guyub tur aub jeung masarakat pikeun ngajaga Kamtibmas di lingkunganana sewang-sewangan. Hadirna pulisi bisa nambahan motivasi masarakat ngajaga lingkungannyla.

"Masarakat katut Polri ronda sasarengan ngajagi lingkungan tiasa nyiptakeun situasi Kamtibmas kalayan hade di lingkungan," ceuk Kapolres

Dina eta kasempatan, Kapolres Majalengka masrahkeun kohkol jeung lampu senter ka patugas pos Sat Kamling. Kapolres Majalengka satuluyna bareng jeung warga nguriling sakalian nyokotan perelek nu ditunda di unggal imah.

“Perelek teh hiji kaguyuban, buktos gotong royong dina ngajaga Kamtibmas. Kitu deui artos patungan antawis Rp. 500 dugi Rp.1.000 sakumaha karidhoanna ti warga,” ceuk AKBP Edwin Affandi.

Baca Juga: Basa Indung jeung Media Sunda, teu Bisa Lesot tina Kahirupan Masarakatna

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x