Bakti sosial Sat Samapta Polres Majalengka di Desa Sukamulya nu Katarajang Angin Lilimbungan

- 9 Maret 2023, 17:15 WIB
Satuan Samapta Polres Majalengka bakti soal di Desa Sukamulya, Kecamatan Kertajati, Kabupaten Majalengka (08/03/2023.  Ieu desa kaytarajang angin lilimbungan Senen jeung Salasa (06-07/3/2023).
Satuan Samapta Polres Majalengka bakti soal di Desa Sukamulya, Kecamatan Kertajati, Kabupaten Majalengka (08/03/2023. Ieu desa kaytarajang angin lilimbungan Senen jeung Salasa (06-07/3/2023). /Ayank R Sambara/Galura

GALURA -Satuan Samapta Polres Majalengka bakti soal di Desa Sukamulya, Kecamatan Kertajati, Kabupaten Majalengka, Rebo (09/03/2023.

Desa Sukamulya, Senen jam 16 WIB (06/03/2023) katarajang musibah angin puting beliung (angin lilimbungan) dibarung ku hujan badag sarta kajadian deui Salasa sore (07/03/2023).

Balukarna sababaraha imah warga ruksak. Tina kituna Satuan Samapta Polres Majalengka bakti sosial di Desa Sukamulya, ngabantu warga nu imahna ruksak alatan angin lilimbungan (puting beliung).

Baca Juga: Diluuhan ku Kapolres Majalengka, Rapat Koordinasi dan Konsultasi Ngeunaan Rekrutmen PPS

Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi, SIK. MH., ditepikeun ku Kasat Samapta IPTU Adam R Hidayat, SH.MH., nyebutkeun bakti sosial di Desa Sukamulya respon Polres Majalengka dina raraga ngabantu ngabersihkeun kai nu runtuh balukar angin puting beliung atawa angina lilimbungan.

"Pamugi bakti sosial janten silaturahmi antawis masarakat sareng Kapulisian Polres Majalengka nu keuna musibat bencana angin puting beliung," ceuk Adam.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x