Diluuhan ku Kapolres Majalengka, Rapat Koordinasi dan Konsultasi Ngeunaan Rekrutmen PPS

- 9 Maret 2023, 12:00 WIB
Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi ngaluuhan Rapat Koordinasi dan Konsultasi Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD Kabupaten Majalengka), Rebo (08/03/2023).
Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi ngaluuhan Rapat Koordinasi dan Konsultasi Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD Kabupaten Majalengka), Rebo (08/03/2023). /Ayank Sambara/Galura

 

GALURA - Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi ngaluuhan Rapat Koordinasi dan Konsultasi Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD Kabupaten Majalengka), Rebo (08/03/2023). Rakor aya patalina jeung rekrutmen anggota PPS nu dijalankeun ku KPUD Majalengka.

Rapat Koordinasi dipingpin Wakil Ketua DPRD Kabupaten Majalengka Asep Eka Mulyana, diiluan ku sakumna anggota DPRD Kabupaten Majalengka. Hadir oge Kajari Majalengka Eman Suherman, Kesbangpol Heri Rahyubi, Kasat Intelkam Polres Majalengka AKP Agus Romy, Ketua KPUD Majalengka jeung sakumna tamu ondangan lianna.

Rapat Koordinasi dimimitian ku sambutan Pingpinan Rapat dituluykeun ku kamandang ti masing-masing tamu ondangan nu jejerna tanggapan DPRD kana surat KPUD Majalengka Nomor: 341/PP.04.1.SD/3210/2023.

Baca Juga: Ricewna Rekrutmen PPS, KPUD Majalengka Teu Datang Ngaluuhan RDP Komisi I DPRD

Kamndangna sarua rekrutmen badan ad hoc PPK jeung PPS nu dilaksanakeun ku KPUD Majalengka kudu transparan jeung ngajak babarengan ngajaga kondusifitas situasi Kamtibmas di wilayah Kabupaten Majalengka dina mapag pemilu taun 2024.

Kapolres Majalengka AKBP Edwin Affandi, nyebutkan inyana miharep sangkan masarakat di Kabupaten Majalengka teu kapropokasi ku herita-berita hoax jeung ku berita-berita nu sipatna propokasi.

"Aya KPU, Bawaslu, aya Gakumdu. Poma, masarakat ulah teu coba-coba ngabaekeun aturan sarta teu ngaluarkeun komentar dapon wae di media sosial,” ceuk Kapolres AKBP Edwin Affandi ka wartawan, di rohangan Rapat Paripurna DPRD Majalengka, Rebo (08/03/2923).

Ceuk Kapolres Majalengka, pihak kapulisian, kejaksaan bakal terus ngawal kagiatan pelaksanaan pemilu sacara orofesional langsung, bebas tur rahasia.

“Ngeunaan berita hoax, nu ngabalukarkeun pasualan gangguan kamtibmas, kapulisan bakalngalaksanakeun penindakan dumasar Undang-undang ITE," ceuk AKBP Edwin Affandi.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x