Milangkala ka-50 KSPSI, Door Prize Motor 2 ti Bupati Majalengka

- 28 Februari 2023, 15:29 WIB
Bupati Majalengka sacara simbolis masrahkeun hadia sepeda motor ka pagawe nu kabiruyungan meunang motor ti Bupati Majalengka.
Bupati Majalengka sacara simbolis masrahkeun hadia sepeda motor ka pagawe nu kabiruyungan meunang motor ti Bupati Majalengka. /Ayank R Sambara/Galura

GALURA -Milangkala ka 50 KSPSI (Konfederasi Serikat Pekerja Seluruh Indonesia) di LYG Garment Indonesia, Kasokandel Majalengka, Saptu (25/02/2023), diluuhan ku Bupati Majalengka, Dr.H.Karna Sobahi, M.MPd

Bupati Majalengka dina milu ngareuah-reuah Milangkala ka 50 KSPSI nyadiakeun door prize motor 2. “Wilujeng Milangkala ka-50 KSPSI, pamugi KSPSI langkung sinergi tur kondusif. Tangtosna tiasa mayungan sakumna pagawe," pokna.

Bupati Majalengka nembrakkeun kareueusna pedah Kabupaten Majalengka dijadikeun pribumi dina acara Milangkala ka 50 KSPSI tingkat nasional.

Baca Juga: Tb Hasanuddin Nganjang ka Padepokan Pencak Silat Lodaya Aki Panglipur Cabang Kabupaten Majalengka

Lian ti Bupati Majalengka, anu oge ngaluuhan Milangkala ka-50 KSPSI: Kapolres Majalengka, diwakilan ku Kapolsek Kasokandel IPTU Wahid Rodise, wawakil Dinas Tenaga Kerja Propinsi Jawa Barat, jeung wawakil BPJS Ketenagakerjaan Majalengka.

Ti Dewan Pimpinan Pusat KSPSI nu hadir dina eta kagiatan: Bibit Gunawan (Sekjen), Siti Nur Azizah Azis (Bendahara Umum), Agung Nugroho (Wakil Ketua Umum).

Arnod Sihite (Wakil Ketua Umum), Sudirman Hamidi (Ketua Bidang Koordinator Wilayah Tengah II), Hendi Purnomo (Wakil Ketua Umum), Royanto Purba (Wakil Sekjen) jeung Dalton Munthe (Wakil Sekjen).***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x