Cek Dam Cisuluhan di Desa Nunuk Baru Dibangun ku Kolonial Belanda keur Nyebor Binih Tatangkalan

- 28 Februari 2023, 10:30 WIB
Keur  Nyebor Binih Tatangkalan Kolonial Belanda Ngabangun Cek Dam Cisuluhan di Desa  Nunuk Baru Kabupaten Majalengka.
Keur Nyebor Binih Tatangkalan Kolonial Belanda Ngabangun Cek Dam Cisuluhan di Desa Nunuk Baru Kabupaten Majalengka. /Ayan R Sambara/Galura

GALURA -“Cek Dam Cisuluhan dibangun taun 1930-an ku Kolonial Belanda, jaman bupati Majalengka R.M.A.A. Suriatanudibrata,” ceuk sesepuh lembur Cengal, Desa Nunuk Baru, Kecamatan Talaga, Kabupaten Majalengka.

Anu dimakud ku eta sesepuh teh cek dam atawa bendungan leutik nu dibangun ku Kolonial Belanda di Cisuluheun, walungan nu ngaliwat ka Desa Nunuk Baru Kabupaten Majalengka sarta ngamuara ka Cimanuk. Disebut wae Cek Dam Cisuluhan.

Anu mimiti ngungkab ngeunaan Cek Dam Cisuluhan jieunan Kolonial Belanda di Desa Nunuk Baru Kabupaten Majalengka téh Aktivis Grumala, nu oge salahsahiji pangurus Dewan Kesenian dan Kebudayaan Majalengka (Dekkma), Momon Abdurahman.

Baca Juga: Episode Perjoangan Bagus Rangin, Ngalawan Kolonial Belanda jeung Kolonial Inggris

“Cek Dam Cisuluhan diwangun jaman pamarentahan Kolonial Belanda. Lain ukur hiji tapi aya 9, di sapanjang Cisuluhan di wewengkon Nunuk,” pokna.

Pangwangunan Cek Dam Cisuluhan bisa jadi ditujukeun pikeun proyek jangka panjang. Lain 10, 20, 30 taun kahareup, tapi pikeun ratusan taun.

“Jaman Kolonial Belanda warga Nunuk dipénta pindah lantaran wewengkonna dianggap gampang urug,” ceuk Momon.

Teu kabéh pindah. Malah beuki dieu mah beuki loba cacah jiwana tepi ka kudu dibentuk pamaréntahan désa.

Baca Juga: The Conquest of Java Ngagambarkeun Rongkahna Perjoangan Bagus Rangin

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x