The Conquest of Java Ngagambarkeun Rongkahna Perjoangan Bagus Rangin

- 26 Februari 2023, 11:30 WIB
Bagus Rangin. Rongkahna perjoangan Bagus Rangin ditulis dina buku ku urang Inggris.
Bagus Rangin. Rongkahna perjoangan Bagus Rangin ditulis dina buku ku urang Inggris. /

GALURA -Kumaha rongkahna perjoangan Bagus Rangin (1802-1812), bisa dititenan dina buku The Conquest of Java karangan William Thorn (Thorn, 1993:124).

Dina buku The Conquest of Java disebutkeun kungsi kajadian perang campuh antara pajuang pimpinan Bagus Rangin jeung kolonial, tanggal 4 Agustus 1811.

The Conquest of Java netelakeun waktu geus ngawasa Nusantara, Inggris ngadatangkeun 100 kapal perang sarta balabuh di Batavia, nurunkeun pasukan nu jumlahna 12 rebu urang, di antara eta pasukan aya nu dikirimkeun keur ngungkulan paerjoangan Bagus Rangin.

Baca Juga: Asal usul Bagus Rangin, Pajuang Jatitujuh Majalengka, Aya nu Nyebutkeun asalna ti Cireundeu jeunng ti Demak

Tina jumlah 12 rebu urang pasukan Inggris, detasemen nu ngahaja dihirasti Bengal Sepoy nu dipimpin Capt. Pool dikirimkeun ka Bantarjati pikeun nohagaan garnisun Bantarjati.

Kitu deui detasemen sejenna nu diwangun ku urang Eropah campur jeung bangsa urang nu harita dikokojoan ku Capt. Ralph ti His Mayesty's 59 Regiment milu ngepung Bagus Rangin.

Jumlah tentara nu ngepung Bagus Rangin teh aya 2000 musqueteers (soldadu infantri),

Pangna Inggris ngadatangkeun pasukan jumlah nu rea pisan lantaran Bagus Rangin harita dibantuan ku desertir soldadu Perancis sabada eleh wowotan dina perang Cornelis.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x