Perjoangan Bagus Rangin Ngalawan Hindia Belanda Meunang Bantuan ti Sababaraha Daerah

- 18 Februari 2023, 10:30 WIB
Museum Karaton Kasepuhan.  Bagus Rangin dina ngalawan Hindia Belanda meunang bantuan ti sababaraha daerah. Ngan teu kacatur bantuan ti karajaan Cirebon mah.
Museum Karaton Kasepuhan. Bagus Rangin dina ngalawan Hindia Belanda meunang bantuan ti sababaraha daerah. Ngan teu kacatur bantuan ti karajaan Cirebon mah. /

GALURA -Gerakan Bagus Rangin meunang rojongan tokoh masarakat di sabaraha daerah. Dina ngayakeun gerakan ngalawan pamarentah kolonial Hindia Belanda saterusna, Bagus Rangin meunang bantuan tanaga, pakarang jeung dahareun (logistik) ti sabaraha daerah.

Bantuan tanaga keur gerakan Bagus Rangin dina baruntak ka Hindia Belanda dipingpin ku tokoh daerahna sewang-sewangan, tokoh nu elmu agamana jeung kaprajuritanana masagi.

Enggoning bajuang ngalawan Hindia Belanda. Bagus Rangin meunang Eta bantuan di antarana datang ti daerah Jatitujuh, Rajagaluh, Baruang Kulon, Baruang Wetan, Sumber, Bantarjati, Cikao, Kandanghaur, Kuningan, Linggajati, Luragung, Maja, Sumedang, Karawang, jeung Subang.

Baca Juga: Alatan VOC atawa Kumpeni nu Ngamonopoli Dagang di Hindia Timur, Cirebon Robah Lain Karajaan nu Boga Kakawasaan

Dumasar data anu geus kakoreh, pangaruh gerakan Bagus Rangin sumebar di daerah Cirebon, Majalengka, Kuningan, Indramayu, Sumedang, Karawang, jeung Subang.

Pakarang anu digunakan ku pasukan jeung balad Bagus Rangin: bedog, keris, pedang, tumbak, bedil jeung mariem. Bedil jeung mariem bantuan ti sabaraha urang kapala daerah, jumlahna saeutik.

Pikeun numpes gerakan anu dipupuhuan ku Bagus Rangin, Gubernur Jenderal A.J. Wiese nugaskeun Nicolaes Engelhard pikeun mingpin pasukan Kompeni.

Gubernur Jenderal A.J. Wiese oge menta bantuan para bupati di Tatar Sunda sangkan ngirim pasukan. Tapi teu sakabeh bupati tumut kana eta parentah.

Baca Juga: Putri Anjungsari (31), Anjog ka Pameuntasan Citarum, Bena Lengiteun Laratan Putri Anjungsari

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x