Bagus Rangin Baruntak ka Hindia Belanda dimimitian ti Palimanan Cirebon

- 18 Februari 2023, 09:30 WIB
Karaton Kacirebonan. Salahsahiji nu ngajurung Bagus Rangin baruntak ka Hindia Belanda di Palimanan Cirebon alatan Hindia Belanda neungteuingeun pihak karaton.
Karaton Kacirebonan. Salahsahiji nu ngajurung Bagus Rangin baruntak ka Hindia Belanda di Palimanan Cirebon alatan Hindia Belanda neungteuingeun pihak karaton. /

GALURA -Bagus Rangin nembongkeun sikep ngalawan kolonial Hindia Belanda dimimitian ku jadi pamingpin gerakan rahayat Palimanan  Cirebon. Harita rahayat Palimanan katalangsara. Ari sababna, lahan garapan rakyat (patani) disewakeun ku kapala daerah ka Cina.

Ku Cina rahayat diperes tanagana pikeun ngolah lahan sarta kudu mayar pajeg anu jumlahna kawilang gede. Rahayat Palimanan Cirebon hirup engkak-engkakan jeung pinuh kasieun. Ieu nu ngahudang Bagus Rangit beuki nyongsrog hayang ngalawan ka pamarentah Hindia Belanda.

Nyaho Bagus Rangin ngabela jeung ancrub merjoangkeun rahayat, urang Palimanan Cirebon ngadatangan kapala daerah, meredih sangkan pajeg diturunkeun, ulah tepi ka nyekek rahayat jeung sangkan pamarentah Hindia Belanda ulah ngabela Cina.

Baca Juga: Alatan VOC atawa Kumpeni nu Ngamonopoli Dagang di Hindia Timur, Cirebon Robah Lain Karajaan nu Boga Kakawasaan

Tapi kapala dearah teu nedunan pamaredih rahayat Palimanan, lantaran geus jadi antek Cina jeung Walanda. Ku sabab kitu, rahayat Palimanan gilig pikeun baruntak. Anu mingpinna, Bagus Rangin jeung adina, Bagus Serit.

Samemeh ngayakeun gerakan, pasukan Bagus Rangin jeung Bagus Serit dilatih perang. Anggota pasukan nu dipimpin langsung ku Bagus Rangin jumlahna kira-kira 300 urang.

Anu jadi sasaran gerakan teh padumukan kapala daerah jeung Cina di Palimanan. Wakil asisten residen Cirebon oge jadi sasaran, nepi ka tiwasna. Iraha tegesna gerakan rahayat Palimanan mimiti der baruntak, datana tacan kapaluruh.

Anapon kitu, patali jeung eta gerakan, sumber kolonial mangrupa resolusi tanggal 25 Februari 1806, nyebutkeun ayana gerakan ngalawan pamarentah kolonial di daerah Cirebon.

Tangtu gerakan anu dimaksud dina eta resolusi teh gerakan Bagus Rangin nu mingpin rahayat Palimanan jeung sabudeureunana baruntak ka pamarentah Hindia Walanda.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x