Sultan Cirebon Dijajah ku Kumpeni jeung Belanda Kakawasaanana Dicabut

- 28 Februari 2023, 09:30 WIB
Lambang VOC atawa Kumpeni. Akabat dijajah ku Kumpeni, sultan Cirebon ukur ngaranna:  teu boga kakawasaan.
Lambang VOC atawa Kumpeni. Akabat dijajah ku Kumpeni, sultan Cirebon ukur ngaranna: teu boga kakawasaan. /Nanang S/Galura

GALURA -Taun 1681 kakawasaan Verenigde Oost Compagne (VOC) atawa Kumpeni geus tepi ka Cirebon. Lantaran geus jadi jajahan Kumpeni, Sultan Cirebon lain raja, daerahna  geus lain karajaan deui jiga memehna.

Sanajan kakawasaan Sultan Cirebon masih tetep aya, ngan tetela ukur sesebutan wungkul da maranehna mah ukur kacatet staf karyawan Kumpeni.

Waktu Kumpeni masrahkeun Nusantara, kaasup Pulo Jawa, ka pamarentah Karajaan Belanda dina taun 1800, kakawasaan Sultan Cirebon teh beuki leungit taya tapakna.

Baca Juga: Episode Perjoangan Bagus Rangin, Ngalawan Kolonial Belanda jeung Kolonial Inggris

Konsepsi Gubernur Jenderal HW Daendles (1808-1811), nyabut kakawasaan kasultanan Cirebon ku wangun pamarentahan gaya anyar dumasar sistim landdrostambt atawa karesidenan.

Kasultanan Cirebon robah jadi Cheribonsche Preanger Regentschappen nu ngawengku wilayah Limbangan, Sukapura jeung Galuh.

Dina waktu eta pisan Kasultanan Cirebon dibagi jadi dua:Kasultanan Cirebon jeung Gebang nu diparentah ku 3 sultan: Sultan Kasepuhan, Sultan Kanoman jeung Sultan Kacirebonan.

Sanajan statusna tetep make sebutan sultan, tapi ieu 3 sultan teh teu mibanda kakawasaan nanaon sabab ukur pagawe staf kolonial.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x