Pangeran Kornel nu Ngabantuan Kolonial Belanda Ampir Tiwas Dipanah ku Bagus Manuk

- 26 Februari 2023, 10:30 WIB
Patung Pangeran Kornel nu keur sasalaman jeung urang Belanda. Pangeran Kornel ampir tiwas dipanah kui Bagus  Manuk. Pangeran Kornel ngabantuan Kolonial Belanda dina mareuman perjoangan Bagus Rangin.
Patung Pangeran Kornel nu keur sasalaman jeung urang Belanda. Pangeran Kornel ampir tiwas dipanah kui Bagus Manuk. Pangeran Kornel ngabantuan Kolonial Belanda dina mareuman perjoangan Bagus Rangin. /Nanang S/Galura

GALURA -Dina nyanghareupan perjoangan Bagus Rangin (1802-1812), Kolonial Belanda menta bantuan ka Pangeran Kornel, bupati Sumedang. Waktu perang campuh jeung pasukan Bagus Manuk, Pangeran Kornel ampir-ampiran tiwas dipanah ku Bagus Manuk.

Harita Bagus Manuk teh mantuan Bagus Rangin nadah panarajang tentara Kolonial Belanda nu ngangseg ka Karang Anyar. Kolonial Belanda dibantuan tentara Sumedang nu dipingpin ku Pangeran Kornel.

Panah nu dipentangkeun ku Bagus Manuk ukur keuna kana kuda nu ditumpakan ku Pangeran Kornel. Kudana ngagolepak paeh, Pangeran Kornel ngagajleng sarta ditulung ku anak buahna. Tempat paehna kuda saterusna katelah Kampung Kuda Mati.

Baca Juga: Mingpin Rahayat Ngalawan Hindia Belanda, Bagus Rangin Dianggap Ratu Adil

Saha ari Bagus Manuk? Ngaran aslina Kertanata, teh kuwu di Buntu, di Kertayasa, hiji lembur nu di Kecamatan Ligung nu pernahna teu pati jauh jeung pangkalan TNI-AU beh kalereun Jatiwangi, Kabupaten Majalengka.

Bagus Manuk, atawa Kertanata teh urang Talaga Kabupaten Majalengka nu nyumput di Kertayasa lantaran sieun ku Kolonial Belanda nu kungsi ngaburak-barik karaton Talaga dina taun 1682.

Kertanata nu jujulukna Bagus Manuk teh pamanggul pamungkas pakuwon Kertayasa, pakuwon nu kaereh ka regentschappen Maja. Wewengkonna ngereh Desa Leuweung Gede, Jatiwangi tepi ka puseur pakuwon di kampung Buntu nu ayeuna asup ka Kacamatan Ligung.

Ieu pakuwon teh memehna mah asup ka distrik Rajagaluh, kalawan ratu munggaranna Dewi Sumaliawan.

Baca Juga: Perjoangan Bagus Rangin Ngalawan Hindia Belanda Meunang Bantuan ti Sababaraha Daerah

Cenah, gara-gara ditulungan ku Sunan Jebung, ulama ti Cirebon waktu manehna tarung jeung Ratu Jin Nyai Endang Capang, Kertanata asup Islam sanggeus Endang Capang dipanah ku panah Surasati pamere Sunan Jebung.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x