Jalur Parongpong Cisarua Lumpuh, Alatan Urug Jalan Buka Tutup

- 28 Februari 2023, 14:09 WIB
jalur wisata Curug Cimahi nu sok disarebut Curug Monyet, katutup ku awi sadapuran nu rungkad ka tengah jalan. kajadianana Salasa (28/2/2003) kurang leuwih jam 07.23 WIB.
jalur wisata Curug Cimahi nu sok disarebut Curug Monyet, katutup ku awi sadapuran nu rungkad ka tengah jalan. kajadianana Salasa (28/2/2003) kurang leuwih jam 07.23 WIB. /Cecep Ks/Galura

GALURA -Isuk-isuk, Salasa (29/02/2023) keur anteng make motor nuju ka Cisarua. Di lebah kampus Universitas Adven, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat (KBB) aya warga nu megatan jalan. “Jalan jalur di wisata Curug Monyet di Desa Tugumukti,” pokna.

"Aruih deui we, Pa, jalanna longsor," pokna deui. Meunang beja aya longsor mah, nu mawa motor jeung mobil baralik deui. Henteu tulus ngaliwat ka jalur wisata Curug Monyet Desa Tugumukti.

"Abdi rek ka Cimahi, kapaksa balik arah nganggo jalan Cihideung, deuh, janten nebihan, makan waktu," pokna kutuk gendeng. Mun make jalur wisata Curug Monyet Desa Tugumukti mah leuwih tereh.

Baca Juga: Desa Budaya Desa Nunuk Baru, Desa Anyar tapi Heubeul di Kabupaten Majalengka

Panasaran, Galura jeung sajumlah motor, ngadius deui we indit, ngadeukeutan titik lokasi nu cenah longsor tea. Ana tepi ka lokasi, enya wae wewengkon jalur wisata Curug Cimahi nu sok disarebut Curug Monyet, katutup ku awi sadapuran nu rungkad ka tengah jalan.

Behna mah lain longsor. Awi rungkad kajadianana Salasa (28/2/2003) kurang leuwih jam 07.23 WIB. Kendaraan katangen ngantai, teu bisa laju da puguh jalanna katutup tea.

Sawatara warga Desa Tugumukti, pakepuk nilasan awi, diteukteukan. Sawarehna digusur ka sisi jalan.

"Tadi satengah tujuh kajadiaanna mah, aya nu numpak motor karumpukan daun awi pareng ngaliwat awi rungkad. Ngan untung salamet, teu nanaon, teu bocel-bocel acan, nya reuwas mah wajar we," ceuk Ujang, tukang dagang lauk nu balongna teu jauh ti.lokasi kajadian.

Baca Juga: Cek Dam Cisuluhan di Desa Nunuk Baru Dibangun ku Kolonial Belanda keur Nyebor Binih Tatangkalan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x