Kapolsek Cimaung Nepikeun Talatah Kapolresta Bandung, Kudu Wijak Ngagunakeun Media Sosial

- 27 Februari 2023, 18:35 WIB
Dina upacara bendera di Pesantren Tahfiizh Fithrah Insani Kapolsek Cimaung Iptu Yoni Agustina nepikeun talatah Kapolresta Bandung. *
Dina upacara bendera di Pesantren Tahfiizh Fithrah Insani Kapolsek Cimaung Iptu Yoni Agustina nepikeun talatah Kapolresta Bandung. * /AJUN MAHRUDIN/

GALURA- Pesantren Tahfizh Fithrah Insani Jalan Cigondok, Desa  Pasirhuni, Kecamatan Cimaung, Kabupaten  Bandung, ngagelar upacara bendera, Senen (27/2/2023). 


Ceuk Mudir Pasantren Tahfizh Fithrah Insani  Devi Nur Muhamad Siddiq, satadina upacara ieu rèk dihadiran ku  Bupati  jeung Kapolresta Bandung, ngan ku lantaran aya  kagiatan sèjèn  antukna  diwakilan ku  Kapolsek Cimaung Iptu Yoni Agustina. 


Kapolsek Cimaung  nepikeun talatah  Kapolresta Bandung keur sakumna siswa sangkan wijak  dina ngagunakeun mèdia sosial.

Baca Juga: Ngaluuhan Milad Ka-23 Ponpes Wahdatut Tauhid, Bupati Bandung Ngawujudkeun Program Besti

Dina eta talatah, singlar tawuran, jauhan  narkoba, tur ulah kalibet geng motor, lantaran siswa tèh  aset bangsa.


Nurutkeun Kepala Sekolah Tahfizh Fithrah Insani  Sugih Royaman, upacara ayeuna  dihadiran Banbinsa, babinkamtibmas.

Sajaba eta, sakumna  dewan guru katut  siswa boh SMPIT  Fitrah Insani Boarding School  boh siswa ti SMA Fitrah Insani Biliingual  Boarding Islamic School. 


Petugas upacara, ceuk Sugih ngarupakeun binaan tina ekskul Paskibra nu dibina ku Ustad Lukman Ramadhan, kalawan. Pemimpin upacara Ananda Andhika.

 

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x