GALURA - Bupati Bandung Dadang Supriatna ngaluuhan kagiatan milad ka-23 Pondok Pesantren (Pontren) Wahdatut Tauhid di Jalan SGB, Desa Majasetra, Kecamatan Majalaya, Kabupaten Bandung, Saptu (25/2/23).
Dibarengan ku pingpinan Pondok Pesantren (ponpes) Wahdatut Tauhid katut rèngrèngan Forkopimcam Majalaya, Dadang Supriatna nitènan panglayanan kaséhatan gratis nu diayakeun ku pihak ponpes rukun gawè jeung Puskesmas Majalaya, kagiatan donor darah rukun gawè jeung Persaudaraan Donor Darah Majalaya (PDDM) turta PMI Kota Bandung.
Dadang Supriatna ogè ngilikan lokasi usaha mikro kecil menengah (UMKM) pakèan muslim nu aya di lelewek pasantrén.
Bupati miharep, dina milad ka-23 ieu Ponpes Wahdatut Tauhid tambah barokah, tambah Bedas, bisa ngawujudkeun santri nu soleh, nu bajoang pikeun ngawujudkeun masarakat Kabupaten Bandung Bedas.
"Ngalangkungan atikan kaagamaan di wewengkon pasantrén ieu, mugia tiasa ngawujudkeun murangkalih nu mibanda karakter saè tur ahlakulkarimah," ceuk Dadang Supriatna.
Baca Juga: Mataram Konfrontasi jeung Kumpeni di Batavia, Umbul Sukakerta Jadi Bupati Sukapura
Diajar kaagamaan téh, ceuk Bupati, kacida penting, utamana pikeun barudak SD jeung SMP. Tanpa agama, cenah, teu sampurna.
Dina èta kasempetan Dadang Supriatna ngawujudkeun program Besti (Beasiswa ti Bupati). Numutkeun Dadang Supriatna, Program Besti geus dibuka ti 6 Februari 2023. Tepi ka danget ayeuna geus aya kana 1.580 urang nu daftar.
"Jatahna 125 urang. Saratna, di antarana kudu hafid Alquran minimal 1 juz. Program Besti ieu pikeun ngaronjatkeun rata-rata lila sakola," ceuk Dadang Supriatna.