Jumling Ka-63, Bupati Bandung Nyumbang Rp 50 Juta keur Ponpes Fathul Huda di Desa Cihanyir

- 25 Februari 2023, 08:49 WIB
Bupati Bandung ngalaksanakeun Jumling ka-63 di Masjid Jami Ponpes Fathul Huda.*
Bupati Bandung ngalaksanakeun Jumling ka-63 di Masjid Jami Ponpes Fathul Huda.* / (SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat. com).

GALURA - Bupati Bandung Dadang Supriatna ngalaksanakeun Jum'at Keliling (Jumling) nu ka-63 di Masjid Jami Pondok Pesantren (Ponpes) Fathul Huda Lembur Bojongkaso RT 02/RW 01 Desa Cihanyir, Kecamatan Cikancung, Kabupaten Bandung, Juma'ah (24/2/23).

Dina éta kasempétan, Dadang Supriatna nyosialisasikeun Program Unggulan Kabupaten Bandung, jeung Pemilu nu rék digelar taun 2024.

Dadang Supriatna  ogè nyumbang Ponpes Fathul Huda Rp 50 juta keur kalumangsungan atikan di éta ponpes.

Pingpinan Ponpes Fathul Huda Dadang Saepudin, nyebutkeun, aya kana 274 santri putra katut putri nu réréana ti luar daerah, di antarana ti Jakarta, Bekasi, Karawang, Subang, katut sababaraha wewengkon sèjènna.

"Kanggo kasayagian atikan kaagamaan ieu, meryogikeun sarana sareng prasarana. Di antarana meryogikeun pondok santri putri, margi tempat nu aya tos teu nyekapan deui," pokna.***

Baca Juga: Macet di Jadek Margahayu balukar Caah deui, Loba Kendaraan Mogok jeung Balik Arah

Baca Juga: Micinta Lemah Cai Bagean Tina Iman, Ustadz H Syihabudin Mahmud: Dimimitian ku Micinta Lembur

Baca Juga: Milangkala Ka-13, Komunitas Reader Ngayakeun Sunatan Massal jeung Donor Darah

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x