Macet di Jadek Margahayu balukar Caah deui, Loba Kendaraan Mogok jeung Balik Arah

- 25 Februari 2023, 08:39 WIB
Jalan Dengdek (Jadek) Kecamatan Margahayu kacaahan deui.*
Jalan Dengdek (Jadek) Kecamatan Margahayu kacaahan deui.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat. com).

GALURA - Caah nguyumbang di Jalan Kopo-Sayati RW 09 – RW 07 (Jalan Dengdek/Jadek) wates Desa Margahayu Selatan - Desa Sayati Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, Juma'ah (24/2/2023) sore kamari.

Panitenan Galura di lapangan, hujan di Kabupaten Bandung teu gedè teuing, jeung ukur sakeudeung, ti pk 12 beurang. Kira-kira setengah jam gé geus raat.

Ngan, diduga di Kota Bandung jeung Cimahi, hujanna badag tepi ka cai walungan Cikahyangan mudal, nya balukarna caah téa.

Caah ngabalukarkeun arus macet sabab loba kendaraan  nu malik arah. Kendaraan roda dua noyod norobos cai nu luhurna kurang leuwih satuur jalma déwasa, loba nu mogok.

Kaayaan kieu nambah macet. Ngan, kaayaan kieu tèh diijadikeun kasempétan ku rumaja mah, jadi lahan nyiar rijki tina jasa nyurung kendaraan mogok jeung mantuan ngahirupkeun deui mesinna.

Sajaba ngamacetkeun laju kendaraan, cai caah ogè ngeuem lembur, sabudeureun RW 8, utamana di RT 01 Sayati Hilir.***

Baca Juga: Damkar Kuningan, Ngawanohkeun Bahaya Kahuruan ka Murid-Murid TK

Baca Juga: Kabupaten Sukapura, Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Parakanmuncang Hadiah ti Sultan Agung

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x