Ratusan Atlet jeung Palatih Kabupaten Bandung Nampa Uang Kadeudeuh ti Bupati

- 25 Februari 2023, 09:09 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna nyumponan jangjina mèrè uang kadeudeuh ka para atlet jeung palatih Kabupaten Bandung nu boga prestasi.*
Bupati Bandung Dadang Supriatna nyumponan jangjina mèrè uang kadeudeuh ka para atlet jeung palatih Kabupaten Bandung nu boga prestasi.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat. com).

GALURA - Atlet jeung palatih Kabupaten Bandung nu reana 627 urang narima uang kadeudeuh Rp 28 miliar. Éta uang kadeudeuh tèh dipasrahkeun ku Bupati Bandung Dadang Supriatma di GOR Indoor Si Jalak Harupat, Kecamatan Kutawaringin, Kabupaten Bandung, Juma'ah (24/2/23) soré.

Atlet jeung palatih nu 627 urang téh para pinunjul nu meunang medali dina kalang Porprov XIV jeung Peparda VI Jawa Barat 2022.

Iwal ti masrahkeun uang kadeudeuh, Bupati Bandung ogè mèrè pangajèn ka para atlet NPCI (National Paralympic Committee Indonesia).

Baca Juga: Jumling Ka-63, Bupati Bandung Nyumbang Rp 50 Juta keur Ponpes Fathul Huda di Desa Cihanyir

Bupati Bandung miharep, éta uang kadeudeuh téh mangpaat boh keur para atlet boh keur palatih. Sajaba ti kitu, uang kadeudeuh minangka wujud pamaliré ti pamarèntah Kabupaten Bandung ka para atlet nu mibanda préstasi, sangkan leuwih ngaronjatkeun deui prestasi.

Bupati ngarasa reueus ku para atlet jeung palatihna, sabab dina kagiatan Porprov XIV jeung Peparda VI Jawa Barat taun 2022, Kabupaten Bandung kacida ronjat prestasina. Dina éta kagiatan nu dua, Pemda Bandung ukur nargètkeun 63 medali emas, tapi meunang 73 medali emas.

Dina Peparda VI Jawa Barat 2022 nu dilaksanakeun di Bekasi, nu asalna mah kadalapan, antukna kontingen Kabupaten Bandung nempatan urutan kaopat.***

Para atlet jeung palatih Kabupaten Bandung nu dibéré uang kadeudeuh ku Bupati Bandung Dadang Supriatna.*
Para atlet jeung palatih Kabupaten Bandung nu dibéré uang kadeudeuh ku Bupati Bandung Dadang Supriatna.* Galura Pikiran Rakyat. com).

Baca Juga: Kabupaten Sukapura, Kabupaten Bandung jeung Kabupaten Parakanmuncang Hadiah ti Sultan Agung

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x