Ngungkulan Réana nu Ngaligeuh, Disnaker Kabupaten Bandung Ngayakeun ‘Job Fair’

- 23 Februari 2023, 09:03 WIB
Kepala Dinas Ketenagakerjaan (Disnaker) Kabupaten Bandung Uu Rukmana (baju bodas) di satengahing nu ngalamar gawè dina acara Job Fair di palataran Kantor Kecamatan Katapang, Kabupaten Bandung, Rebo (23/2/2023).*
Kepala Dinas Ketenagakerjaan (Disnaker) Kabupaten Bandung Uu Rukmana (baju bodas) di satengahing nu ngalamar gawè dina acara Job Fair di palataran Kantor Kecamatan Katapang, Kabupaten Bandung, Rebo (23/2/2023).* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat. com).

GALURA- Dina dua taun ieu angka nu  keur nyiar gawè di Kabupaten Bandung masih kènèh loba, kana 1,8 juta urang. Tina jumlah sakitu tèh tug tepi ka eyeuna nu karèk meunang gawè kana 1,68 juta. Nu nganggur tepi ka ayeuna kana 6,98 persén.

Kitu ditètèlakeun ku Kepala Dinas Ketenagakerjaan (Disnaker) Kabupaten Bandung Uu Rukmana basa tas muka kagiatan Job Fair di palataran Kantor Kecamatan Katapang, Kabupaten Bandung, Kemis (23/2/2023).

Ku masih kènèh lobana nu ngaligeuh, ceuk Rukmana, Pamarèntah Kabupaten Bandung narèkah pikeun ngurangan angka panganggur. Salasahijina Disnaker ngayakeun Job Fair ieu.

"Iwal ti kitu, Pa Bupati ogè gaduh tilu program unggulan, nyaèta insentif guru ngaji, pinjaman dana bergulir, sareng kartu tani, nu muara tujuanana kanggo ngabantos paèkonomian warga, " ceuk Rukmana.

Job Fair di Katapang ieu diiluan ku 10 pausahaan nu nyadiakeun 300 lowongan gawè. Dipiharep warga nu can boga gawè sabudeureun Kecamatan Katapang, bisa kaserep.

Disnasker ogè ngarencanakeun ngayakeun Job Fair di kecamatan sèjènna.***

Baca Juga: Ngungkulan Nu Ngaligeuh, Uya Mulyana Ngarojong Pamarentah Nyadiakeun Anggaran Palatihan Gawe

Baca Juga: Legislator Fraksi Golkar Jabar, Ahmad Hidayat, Ngangluh sual Sistem Ngamalirkeun Bantuan ka Kabupaten

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x