Ngungkulan Nu Ngaligeuh, Uya Mulyana Ngarojong Pamarentah Nyadiakeun Anggaran Palatihan Gawe

- 22 Februari 2023, 20:45 WIB
Anggota Komisi D DPRD Kabupaten Bandung Uya Mulyana. (SOPANDI/ Galura Piliran Rakyat.com).
Anggota Komisi D DPRD Kabupaten Bandung Uya Mulyana. (SOPANDI/ Galura Piliran Rakyat.com). /

GALURA- Uya Mulyana, anggota Komisi D DPRD Kabupaten Bandung ti Fraksi PKB, ngarojong pihak eksekutif dina ngungkulan anu ngaligeuh.

Salila dua taun ieu, nu  nyiar lahan gawe di Kabupaten Bandung jumlahna  ngahontal 1,8 juta  urang.

Tina jumlah sakitu tèh,  kiwari kurang leuwih  1,6 juta urang geus meunang gawè. 

Uya ngaku, dina reses mindeng nampa aspirasi ti warga anu ngait sual lolongkrang gawe.

Ku kituna, ceuk Uya, inyana sarengrengan di Komisi D,  ngarojong pamarentah dina nyadiakan  anggaran palatihan gawe.


Ceuk Uya, saenyana ayeuna geus aya palatihan pikeun masarakat, sangkan warga gampang meunang gawe.

Diantarana palatihan ngaput, montir, tataboga,  rias panganten jeung sajabana. Eta perlu dirojong ku anggaran nu cukup pikeun palatihan.

 

"Masarakat dilatih pikeun  mibanda kaparigelan. Upama aya pausahaan anu meryogikeun padamel tos siap damel. Atanapi muka usaha nyalira, " ceuk Uya. ***


 

 

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x