Jalur Parongpong Cisarua Lumpuh, Alatan Urug Jalan Buka Tutup

- 28 Februari 2023, 14:09 WIB
jalur wisata Curug Cimahi nu sok disarebut Curug Monyet, katutup ku awi sadapuran nu rungkad ka tengah jalan. kajadianana Salasa (28/2/2003) kurang leuwih jam 07.23 WIB.
jalur wisata Curug Cimahi nu sok disarebut Curug Monyet, katutup ku awi sadapuran nu rungkad ka tengah jalan. kajadianana Salasa (28/2/2003) kurang leuwih jam 07.23 WIB. /Cecep Ks/Galura

Sajumlah anggota Polisi ti Polsek Cisarua, daratang, tuluy ngamankeun lokasi. "Sok enggal bantuan yeuh, galusur awina ngarah jalan lancar deui," ceuk saurang anggota polisi.

Kurang leuwih jam salapan, awi nu ngarunggunuk tengah jalan teh bisa dikasisikeun, patali marga lancar deui.

Katiten ku Galura nu saban poe liwat ka jalur eta. Ti poe Minggu keneh, wewengkon Cisarua memang matak pikamelangeun, cuaca ekstrim, jalan raya loba nu ruksak, tatangkalan loba nu runtuh.

Senen (27/2/2023) di wewengkon Cisarua aya kajadian tangkal rungkad jeung longsor. Di Kampung Tugumukti, pernahna di jalur jalan Tugu Cimeta, kajadian longsor dua kali noron.

Baca Juga: Tamat SMP, Ancrub Usaha Rongsokan, Omsetna H. Ackmal Rijal Ayeuna Ngaratus Juta Sapoéna

Ceuk Yayan mah, kajadianna jam 6.00 WIB jeung jam 7.00 WIB. "Longsor, balukar turun hujan gede ngagebret, ngalir meuntasan jalan, terus ka sisi mapay kebon sup we ka walungan," pokna.

Arus lalu-lintas jadi macet, patalimarga jadi kateug lantaran jalanna buka tutup. "Cipada nuju ka Cisarua, macetna leuwih ti lima jam, " ceuk Dedi, patani sayuran.

Pelaksana Tugas Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Bandung Barat, Amas, wakca ka Galura, di wijayah KBB, loba daerah nu longsor jeung tatangkalan raruntuh. "

Acan angin gede liliwungan, sawatara imah kentengna haliber, kaca pareupeus, keueung lah," pokna.

Ngajawab pananya Galura, iraha rengsena ngabebenah jalan di wewengkon Desa Tugumukti, ngarah teu buka tutup lantaran jalanna nu sabeulahna urug, Amas teu bisa mastikeun iraha ieu jalan nu napel ka lokasi wisata Curug Cimahi, baris dibebenah deui. "Nya, dugi ka ayeuna mah, wayahna we buka-tutup heula," pokna.*** Cecep Ks

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah