Putri Anjungsari (41) Lalakon Suba Leungit Dibawa Maung nu Disambatna

- 28 Februari 2023, 05:30 WIB
Patilasan Eyang Suba di sisi Situ Wangi, Desa Winduraja, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis.
Patilasan Eyang Suba di sisi Situ Wangi, Desa Winduraja, Kecamatan Kawali, Kabupaten Ciamis. /Nanang S/Galura

 

KE, kumaha mimitina Suba bisa nepi ka nyambat meong? “ ceuk Asmita waktu reureuh di sisi Cimanuk, walungan nu huluwotanana di Gunung Papandayan, Timbanganten, sarta ngamuara di basisir kaler Dermayon. Aki Jaya jeung Asmita diukna parerendeng.  Gingin jeung Atus keur kekecebekan ngojay.

Asmita karek rengse nyeuseuhan bajuna nu kalotor. Bajuna dipoekeun dina batu demprak nu katojo sarangenge. Najan wanci karek pecat sawed, sarangenge geus mancer. Ti lebah dinya nu teu jauh ti Limbangan, ka sisi Citarum, leumpang meakkeun waktu kurang leuwih satengah poe. Mun make kuda mah kurang ti sakitu.

Geus dua poe Suba teu puguh ka mana ngaleosna. Asmita ngawenehankeun Suba wanci sareureuh kolot nguliwed ka nu bala, terus kunyam-kunyem siga nu keur ngarajah jangjawokan. Teu lila meong belang badag ngagajleng, terus depa hareupeun Suba.  Suba mimitina mah siga  ka sima. Nempo maung siga nu bageur ku Suba laju ditumpakan, meong teh ngabelesat lumpat, teu beda jeung paser.

Baca Juga: Episode Perjoangan Bagus Rangin, Ngalawan Kolonial Belanda jeung Kolonial Inggris

Ti harita Suba teu embol-embol, ngan henteu ditareangan lantaran, ku Asmita dibejakeun kajadianana. Aki Jaya, Atus, Gingin, carolohok ngadenge carita Asmita teh. Kabeh oge teu nyangkaeun, Suba nu umurna ngora keneh bisaeun jeung mampuh nyambat maung jeung wanieun numpakan.

“Rumasa kungsi ngawirid jampe keur nyambat maung. Sugan teh moal tepi ka dicoba da kudu dibeuli heula. Teu sangka manehna bisa langsung nyambat,” tembal Aki Jaya.

“Kitu, nya, Ka?” ceuk Asmita bari rada kerung.

“Enya.”

“Kira-kira dibawa ka mana ku meongna?”

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x