Baca Juga: Pangeran Kornel nu Ngabantuan Kolonial Belanda Ampir Tiwas Dipanah ku Bagus Manuk
Lalumpatanana teh teu beda jeung mencek, siga nu teu napak lemah. Lalumpatanana mun nyorang lalampahan ti peuting. Ti beurang mah teu waranieun, lantaran bisi pasarandog jeung nu lalar liwat, kawantu make jalan jajahan. Mun nu sejen narempoeun opatanana lumpat tarik matak genjleung, matak jadi catur.
Kangaranan beja nu harus batan goong, teu mustahil bakal tepi ka telik sendi atawa usung-esang urang Cirebon. Bisa dipastikeun ku urang Cirebon ditareangan, nu boga kamampuhan sarupa kitu lain jalma samanea, lain jalma sabrong-brong. Urang Cirebon bakal nyangka opatanana aya patalina jeung Pajajaran.
Suba mah lumpatna biasa wae, teu kawas nu opatan. Atuh mindeng katinggaleun. Eta sababna, Suba nanyakeun parancah ka Aki Jaya sangkan bisa nyambat maung sarta bisa ditumpakan. Ku Aki Jaya, lantaran ceuk pangrasana moal bisa nerap, dibejakeun. Teu nyangkaeun, Suba bisa langsung ngondang meong tepi ka ditumpakanana.
Di jalan, ti mimiti Jangraga tepi ka wewengkon Sumedanglarang, teu loba sumarimpang, saperluna wae. Aki Jaya tetela loba kawawuhanana. Teu saeutik nu mekelan dahareun jeung inumeun, beubeutian, gula beureum, madu jeung lahang. Atuh keur dahar-dahar wae mah teu kudu meuli, duit perak pamahanan ti Maharaja Sakti, karek kapake saeutik.
Teu manggih halang harunganana tepi ka sisi Cimanuk teh. Lalampahanana lungsur-langsar. Teu kungsi pasarandog jeung prajurit Cirebon. Teu kungsi dipegat ku karaman atawa begal. Bisa jadi kituna teh lantaran limaanana teu beda jeung umumna somahan, teu beda jeung tukang ngalalana nu tara bebekelan loba.
Sararena teh mimindengna mah lain di imah kawawuhan Aki Jaya, tapi di leuweung nu kaliwatan jalan. Ngasona teh di saung ranggon di huma. Mun kabeneran di leuweung ngahaja nyieun iiuhan, make regang, hateupna make dangdaunan, make eurih, atawa daun kalapa. Sarena giliran, duaan-duaan, duaan sare duaan deui jaga.*** Nyambung