Tarèkah Ngungkulan ‘Stunting’, Bupati - Kapolresta Bandung Ngaedukasi Siswa SMA Nyegah Nikah Dini

- 28 Februari 2023, 05:39 WIB
Tarèkah ngungkulan
Tarèkah ngungkulan /SOPANDI/

GALURA - Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung Kapolresta Bandung Kombes Pol. Kusworo Wibowo ngaedukasi siswa SMA sangkan ulah kajadian pernikahan dini anu salasahijina ngabalukarkeun stunting.

Éta édukasi piligenti ditepikeun ku Bupati jeung Kapolresta Bandung nu hadir di tengah para siswa SMA Negeri 1 Bojongsoang, Desa Tegalluar, Kecamatan Bojongsoang, Kabupaten Bandung, Senén (27/2/23).

Duanana hadir dina upacara bandéra di lingkungan SMA, sakaligus jadi inspektur upacarana.

"Nu paling penting kumaha masihan pamahaman ka mulangkalih urang, nu ayeuna keur nyuprih élmu di SMA. Iwal ti éta téh deuih murangkalih umur 13-18 taun mah rawan pisan. Ku kituna, Bapa Kapolresta Bandung ngiring  ngajelaskeun sanksi hukum dina hiji pelanggaran di payuneun para siswa SMA,” ceuk Dadang Supriatna.

Baca Juga: Kapolsek Cimaung Nepikeun Talatah Kapolresta Bandung, Kudu Wijak Ngagunakeun Media Sosial

Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung Kapolresta Bandung Kombes Pol. Kusworo Wibowo.*
Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung Kapolresta Bandung Kombes Pol. Kusworo Wibowo.*

Ngajelaskeun kitu tèh cenah lain keur nyingsieunan, tapi minangka wujud panyinglar.

Najan sakola –hususna SMA-- lain kawenangan Pemkab Bandung dina pengelolaanana, tapi Dadang Supriatna minangka Bupati Bandung boga tanggung jawab pikeun nyegah ti anggalna kana hal-hal nu teu dipiharep.

"Sim kuring miharep murangkalih urang mibanda karakter tur ngagaduhan ahlak nu saè. Di sagédéngeun éta, jadi murangkalih nu suksés ka payunna,” ceuk Dadang Supriatna.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x