Ricewna Rekrutmen PPS, KPUD Majalengka Teu Datang Ngaluuhan RDP Komisi I DPRD

- 9 Maret 2023, 10:55 WIB
Wakil Ketua DPRD, H. Asep Eka Mulyana, ngabela KPUD Majalengka  nu teu ngaluuhan dina RDP Komisi I DPRD Kabupaten Majalengka (08//03/2023).
Wakil Ketua DPRD, H. Asep Eka Mulyana, ngabela KPUD Majalengka nu teu ngaluuhan dina RDP Komisi I DPRD Kabupaten Majalengka (08//03/2023). /Ayank R Sambara/Galura

GALURA – Rapat dengar pendapat (RDP) Komisi I DPRD Kabupaten Majalengka jeung Kapolres, Kejari, KPUD Majalengka, Kesbangpol, katut wawakil masarakat nu tadina dilaksanakeun Rebo, 8 Marert 2023, teu jadi. Alatanana KPUD narah ngaluuhan.

Memehna Komisi I DPRD Majalengka, dina surat nomor TU.00.03/193/DPRD tanggal 3 Februari 2023 nu ditujukeun ka Forum Masyarakat Pemerhati Pemilu Majalengka ngogan KPUD Majalengka ngaluuhan RDP nu bakal dilaksanakeun Rebo (8/2/2023) jam 10 WIB.

Dina eta surat nu ditandatangan ku Wakil Ketua DPRD Kabupaten Majalengka, H. Asep Eka Mulyana, disebutkeun materi RDP mekanisme rekrutmen anggota PPS (Panitia Pemungutan Suara) di Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: KPUD Majalengka Ngarekrut Tanaga Pendukung PPK, Naha Enya Transparan?

Pangna Komisi I DPRD manggil KPUD Majalengka lantaran rekrutmen anggota PPS nu dilaksanakeun ku KPUD Majalengka di Kabupaten Majalengka ricew sarta ngabalukarkeun polemik masyarakat.

Anggota Komisi I DPRD Majalengka, Dasim Radea Pamungkas nu tadina rek mingpin RDP nyebutkeun dina surat balesanana, KPUD Majalengka nganggap Komisi I DPRD Kabupaten Majalengka teu boga wewenang ngundang KPUD.

Dasim Rades, politisi nu partaina, Nasdem, geus nyalonkeun Anies Bawesdan dina pilpres 2024 nyebutkeun DPRD Kabupaten Majalengka dina ngajalankeun pancenna luyu jeung tatib.

“Salahsahiji mitra Komisi I teh KPUD,” ceuk Dasim Radea. Komisi I DPRD Kabupaten Majalengka kungsi ngondang BPN, sarta BPN hadir.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x