Ricewna Rekrutmen PPS, KPUD Majalengka Teu Datang Ngaluuhan RDP Komisi I DPRD

- 9 Maret 2023, 10:55 WIB
Wakil Ketua DPRD, H. Asep Eka Mulyana, ngabela KPUD Majalengka  nu teu ngaluuhan dina RDP Komisi I DPRD Kabupaten Majalengka (08//03/2023).
Wakil Ketua DPRD, H. Asep Eka Mulyana, ngabela KPUD Majalengka nu teu ngaluuhan dina RDP Komisi I DPRD Kabupaten Majalengka (08//03/2023). /Ayank R Sambara/Galura

Baca Juga: Milangkala ka-50 KSPSI, Door Prize Motor 2 ti Bupati Majalengka

Ceuk Dasim Radea, Komisi I DPRD Majalengka rencanana rek konsultasi ka DPRD Jawa Barat ngeunaan ricewna rekrutmen PPS di Kabupaten Majalengka.

Sikep Dasim Radea beda pisan jeung Asep Eka Mulyana. “KPUD Majalengka dina proses rekrutmen anggota Panitia Pemilihan Kecamatan (PPK) jeung Panitia Pemungutan Suara (PPS) geus transparan,” pokna.

Ceuk Asep Eka Mulyana, KPUD Majalengka geus ngajentrekeun ngeunaan proses rekrutmen badan adhoc nyaeta anggota PPK jeung anggota PPS. Najan kitu, “Sumkuring masihan kamandang ka KPUD Majalengka sangkan ngajelaskeun ka publik perkawis rekrutmen badan adhoc PPK katut PPS,” pokna.

Asep Eka Mulyana nyarita kitu waktu ditepungan ku wartawan di Gedong DPRD Kabupaten Majalengka, Rebo (08/03/2023) sabada Komisi I DPRD Majalengka teu jadi ngagelar rapat RDP.

Baca Juga: Tb Hasanuddin Nganjang ka Padepokan Pencak Silat Lodaya Aki Panglipur Cabang Kabupaten Majalengka

“KPUD Majalengka menta dihampura dumeh henteu tiasa ngaluuhan RDP,” ceuk Asep Eka Mulyana. Ku DPRD Kabupaten Majalengka, teu hadirna KPUD Majalengka teu dianggap pelecehan ka badan legislatif.

Asep Eka Mulyana nyebutkeun pasualan rekrutmen PPK jeung PPS tepi ka KPUD Majalengka sina datang dina rapat RDP, geus dianggap beres sarta moal kapapanjangan, sanajan KPUD Majalengka teu hadir.

“Simkuring katut rengrengan nganggap (pasualan rekrutmen PPK jeung PPS) tos beres supados teu kapapanjangan,” ceuk Asep Eka Mulyana.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x