Kapolres Majalengka Mingpin Langsung Sertijab Wakapolres jeung Kapolsek Palasah

- 7 April 2023, 10:30 WIB
Kapolres Majalengka mingpin upacara Serah Terima Jabatan (Sertijab) Wakapolres Majalengka  jeung Kapolsek Palasah. Lumangsung di Aula Kanya Wasistha Polres Majalengka, Kemis (06/4/2023).
Kapolres Majalengka mingpin upacara Serah Terima Jabatan (Sertijab) Wakapolres Majalengka jeung Kapolsek Palasah. Lumangsung di Aula Kanya Wasistha Polres Majalengka, Kemis (06/4/2023). /Ayank R Sambara/Galura

GALURA -Kapolres Majalengka, Polda Jabar, AKBP Indra Novianto,S.I.K., mingpin langsung upacara Serah Terima Jabatan (Sertijab) Wakapolres Majalengka jeung Kapolsek Palasah. Lumangsung di Aula Kanya Wasistha Polres Majalengka, Kemis (06/4/2023).

Wakapolres Majalengka kiwari dijabat ku Kompol Bayu Purdantono, S.I.K.,M.I.K samemehna ngajabat Wakasat Res Narkoba Polrestabes Bandung. Kapolsek Palasah nu memehna dijabat ku Iptu Dadang Kardan kiwari dijabat ku IPTU Heru Samsul Bahri, S.E., nu tadina Pama Polres Cirebon Kota.

Iptu Dadang Kardan satuluyna ngajabat Bhayangkara Administrasi Penyelia Bidang SDM Polres Majalengka nu sakeudeung deui rek Purna Bhakti.

Baca Juga: Welcome and Farewell Parade Ngabageakeun Kapolres Majalengka

Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto,S.I.K., nyebutkeun Sertijab teh hal nu biasa, sabab kabutuhan organisasi. Dina hal ieu pikeun ngaronjatkeun dinamika operasional, manajerial jeung kaderisasi kapolisian, dina nyanghareupan tangtangan tugas nu tambah beurat tur kompleks.

Disebutkeun Kapolres Majalengja, diganti jeung digeserna pajabat teh keur ngajaga eksistensi organisasi. Lian ti eta kalaksanakeunana pembinaan personel ku cara mere kasempatan ka anggota Polri pikeun motekarkeun karier ngaliwatan jenjang panugasan nu beda-beda.

"Mutasi jabatan kedah oge diterjemahkeun buktos penyegaran di satuan kerja Polri nu meryogikeun komitmen katut tanggel waler pajabatna," ceuk Kapolres AKBP Indra Novianto.

Hal ieu ceuk Kapolres Majalengka perlu ditepikeun. “Supados sadayana paham proses mutasi jabatan teh tarekah ngamumule kaharmonisan sareng kasinambungan dina ngokolakeun dinamika kinerja organisasi," pokna.

Baca Juga: Ngajaga Kamtibmas, Bhabinkamtibmas Polsek Banjaran Polres Majalengka Nganjang ka Toko Kelontongan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x