Dipasrahkeun ku Bupati Majalengka, Warga nu Mibanda Rutilahu Meunang Bantuan, Danana tina CSR

- 12 April 2023, 11:45 WIB
Warga Kabupaten Majalengka, 58 urang meunang bantuan keur ngomean imahna nu kaasup rutilahu, danana tina CSR.
Warga Kabupaten Majalengka, 58 urang meunang bantuan keur ngomean imahna nu kaasup rutilahu, danana tina CSR. /Ayank/Galura

GALURA –Aya 58 urang Kabupaten Majalengka, Jawa Barat, nu taun 2023 ayeuna nampa bantuan renovasi rumah tidak layak huni (rutilahu), danana tina program yang corporate social responsibility (CSR). Dipasarhakeunana ku Bupati Majalengka, H.Karna Sobahi, Salasa (11/04/2023).

Bupati Majalengka nyebutkeun di Kabupaten Majalengka target dina lima taun rutilahu nu rek direnovasi teh jumlahna 7.500, unggal taunna 1500 imah. Dina emprona eta target teu bisa kahontal alatan anggaranana kapake keur ngungkulan sasalad Covid-19. Tina kituna, keur ngomean rutilahu tina sumbet sejen, di antrana tina CSR.

Salian ti CSR, ceuk Bupati Majalengka, sumber sejenna keur ngomean rutilahu ti dana kementerian, provinsi, Baznas, bank bjb, perumda jeung sajabana. Ngan sumber nu diandelkeun ku Pemkab Majalengka mah ti CSR pausahaan badag nu aya di Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: H. Deddy Mizwar, Bang Jack nu teu Weléh Sabar tur Wijak

Bupati Majalengka netelakeun, CSR geus diatur dina undang-undang: pausahaan mibanda kawajiban ngestokeun komitmen kana pangwangunan dina widang sosial, ekonomi, jeung lingkungan. “Pausahaan nu teu ngaluarkeun CSR aya sanksina. Tiasa wae izinna dievaluasi," pokna.

Luyu jeung katanggtuan, ceuk Bupati Majalengka, CSR teh salasahiji sumber dana pangwangunan nu diperlukeun ku pamarentah daerah nu digunakeun keur ngaronjatkeun karaharjaan masrakat.

Ketua Forum Tanggung Jawab Sosial dan Lingkungan (TJSL) Majalengka, H. Irwan Suryanto nyebutkeun, program bantuan keur ngomean rutilahu teh ujaning laku tina surat Bupati Kabupaten Majalengk tanggal 18 Mei 2022 ngeunaan Himbauan Arah Kebijakan Program CSR untuk Rutilahu.

"Dina realisasina, ageungna dana nu diperyogikeun kanggo rutilahu nu sumber ti dana CSR teh ageungna Rp1,032 milyar kanggo 58 bumi nu sumebar di 10 kecamatan sa-Kabupaten Majalengka," ceuk H. Irwan.

Baca Juga: Sastra Sunda Putri Anjungsari (84), Telik Sandi Cirebon Diperuhkeun ku Jurungan Maharaja Kawali

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x