Dipasrahkeun ku Bupati Majalengka, Warga nu Mibanda Rutilahu Meunang Bantuan, Danana tina CSR

- 12 April 2023, 11:45 WIB
Warga Kabupaten Majalengka, 58 urang meunang bantuan keur ngomean imahna nu kaasup rutilahu, danana tina CSR.
Warga Kabupaten Majalengka, 58 urang meunang bantuan keur ngomean imahna nu kaasup rutilahu, danana tina CSR. /Ayank/Galura

Eta 10 kacamatan teh: Kecamatan Cigasong, Jatitujuh, Malausma, Cikijing, Ligung, Jatiwangi, Bantarujeg, Lemahsugih, Cingambul jeung Kecamatan Panyingkiran.

"Ageung bantosan kanggo saurangna Rp17.805.000. Wincikanana Rp15.305.000 kangge ngagaleuh material, Rp2.500.000 kangge mayar nu didamel," ceuk Irwan.

Masih ceuk Irwan, jumlah bantuan sakitu teh gembleng, teu dipotongan saketip oge. Dikirim langsung ngaliwatan rekening masing-masing nu meunang bantuan.

Ngeunaan kana naonkeun dipakena CSR di Kabupaten Majalengka ti taun 2009 tepi 2018, Irwan nyebutkeun dipake pikeun pangwangunan sosial kaasup renovasi rutilahu.

Dina taun 2019, CSR dipake keur ngabebenah pedestrian di area publik sabudeureun Gelanggang Generasi Muda jeung ngabebenah buleudan di pertelon di daerah Jatiwangi.

"Taun 2020 dianggo kangge ngabebenah pedestrian di kawasan Taman Raharja,” ceuk Irwan.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah