Demi Lancarna Arus Mudik jeung Arus Balik, Polres Majalengka Gelar Operasi Ketupat Lodaya 2023

- 19 April 2023, 10:01 WIB
Polres Majalengka Polda Jabar  ngalaksanakeun Apel Gelar Pasukan Operasi Ketupat Lodaya 2023, di Lapangan Apel Polres Majalengka, Senen (17/4/2023), sangkan arus mudik jeung arus balik lumangsung aman jeung lancar.
Polres Majalengka Polda Jabar ngalaksanakeun Apel Gelar Pasukan Operasi Ketupat Lodaya 2023, di Lapangan Apel Polres Majalengka, Senen (17/4/2023), sangkan arus mudik jeung arus balik lumangsung aman jeung lancar. /Ayank Sambara/Galura

GALURA -Enggoning lancarna arus mudik jeung arus balik Lebaran 1444 H taun 2023, Polres Majalengka Polda Jabar ngalaksanakeun Apel Gelar Pasukan Operasi Ketupat Lodaya 2023, di Lapangan Apel Polres Majalengka, Senen (17/4/2023).

Apel Gelar Pasukan Operasi Ketupat Lodaya 2023 Polres Majalengka nu tujuanana sangkan arus mudik jeung arus balik Lebaran 1444 dipingpin langsung ku Bupati Majalengka Dr.H.Karna Sobahi, M.MPd., diluuhan Unsur Forkopimda Majalengka sarta jeung gabungan TNI – Polri katut Instansi lianna.

Dina Apel Gelar Pasukan Operasi Ketupat Lodaya 2023 Polres Majalengka, Bupati Majalengka macakeun sambutan Kepala Kepolisian Negara Republik Indonesia Jenderal Polisi Drs. Listyo Sigit Prabowo, M.SI. Ieu AXpel Gelar Pasukan teh keur matotoskeun siapna dina ngamankeun arus mudik jeung arus balik/

Boh aspek personel, sarana prasarana boh aubna unsur nu aya patalina saperti TNI, Pemda katut mitra kamtibmas lianna.

Baca Juga: Ulon-ulon Curas nu Ngarampas HP Dicangkalak ku Warga, Dipasrahkeun ka Polres Majalengka

Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., nyebutkeun, sajumlah 700 personel gabungan diterjunkeun dina Operasi Ketupat Lodaya 2023 ti tanggal 18 April nepi 1 Mei 2023 di Kabupaten Majalengka, Jawa Barat.

“Mangkukna tos nyarengan Bapa Menhub, Bapa Menko PMK perkawis kangge pembukaan tutupan Tol Cisumdawu nu diperkirakan ti tabuh 08.00 Wib dugi 15.00 Wib kanggo lancarna arus mobilitas ti sababaraha daerah," ceuk Kapolres.

Ceuk Kapolres, Polres Majalengka, unsur TNI katut Pamarentah Daerah bakal ngamankeun arus mudik jeung arus balik sahade-hadena. Rest area nu diadegkeun Pos Pelayanan aya dua, Rest Area KM 166 jeung KM 164.

“Kajabi ti eta opat Pos Pam di jalur arteri sarta salapan) Pos Pam di tempat Obyek Wisata,” ceuk AKBP Indra Novianto.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x