Obrog Obrog, Tradisi Ngabejaan Waktuna Saur di Kabupaten Majalengka, Difestivalkeun, Hadiahna ti Tb Hasanuddin

- 16 April 2023, 12:33 WIB
Tb. Hasanuddin sacara simbolis masrahkeun kadeudeuh ka Ketua Umum Seniman Satatar Majalengka pikeun sakumna nu Juara Festival Obrog-obrog tingkat Kabupaten Majalengka taun 2023, di Bale Kelurahan Munjul (16/04/2023). Obrog-obrog teh tradisi di Bulan Suci Ramadhan ngabejaan waktuna saur.
Tb. Hasanuddin sacara simbolis masrahkeun kadeudeuh ka Ketua Umum Seniman Satatar Majalengka pikeun sakumna nu Juara Festival Obrog-obrog tingkat Kabupaten Majalengka taun 2023, di Bale Kelurahan Munjul (16/04/2023). Obrog-obrog teh tradisi di Bulan Suci Ramadhan ngabejaan waktuna saur. /Ayank R Sambara/Galura

 

GALURA - Anu disebut obrog obrog teh tradisi ngabejaan waktuna saur salila Bulan Suci Ramadhan. Di Kabupaten Majalengka aktivitas Obrog-obrog biasana dilaksanakeun ti jam 12 peuting nepi ka jam 3 janari.

Dina Bulan Suci Ramadhan di Kabupaten Majalengka, Obrog-obrog teu wudu rame lantaran senimanana marawa waditra jeung nembang lagu-lagu dangdut jeung lagu-lagu Sunda. Ngurilingan lembur.

Kumaha sejarah jeung kasang tukang lahirna Obrog-obrog, tradisi ngahudangkeun warga Kabupaten Majalengka dina Bulan Suci Ramadhan?

Baca Juga: H. Deddy Mizwar, Bang Jack nu teu Weléh Sabar tur Wijak

Ketua Seniman Satatar Majalengka (Sasama) nu oge Kepala Badan Kebudayaan Nasional (BKN) DPC PDI Perjuangan Kabupaten Majalengka, Deni Heryanto, nyebutkeun Obrog-obrog mimiti jadi tradisi ngahudangkeun saur warga Majalengka kurang leuwih taun 90-an.

Saacan taun 90-an mah tradisi ngahudangkeun saur di Kabupaten Majalengka can disebut Obrog-obrog.

"Taun 70 dugi 80-an disebatna teh ngahelar atanapi ngelar. Saleresna sebatan Obrog-obrog eta populerna di Cirebon sareng Indramayu," ceuk Deni Heryanto ka Galura, Saptu (15/4/2023).

Ngaran Obrog-obrog asalna ti soara waditra tradisional: rebana jeung gembyung. "Disebat Obrog-obrog teh margi gamelan nu digunakeunana rebana badag sareng gembyung nu ditutupan ku ban tilas mobil. Nabeuhna ditepakan sapertos gendang, kadanguna teh brog... brog...brog... Disebat wae Obrog-obrog," ceuk Deni.

Baca Juga: Kasidah Cinta Al-Kubra, Konsistensi Teater Senapati Ngagarap Pintonan Réligi, Miara Regenerasi Drama Sunda

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x