Obrog Obrog, Tradisi Ngabejaan Waktuna Saur di Kabupaten Majalengka, Difestivalkeun, Hadiahna ti Tb Hasanuddin

- 16 April 2023, 12:33 WIB
Tb. Hasanuddin sacara simbolis masrahkeun kadeudeuh ka Ketua Umum Seniman Satatar Majalengka pikeun sakumna nu Juara Festival Obrog-obrog tingkat Kabupaten Majalengka taun 2023, di Bale Kelurahan Munjul (16/04/2023). Obrog-obrog teh tradisi di Bulan Suci Ramadhan ngabejaan waktuna saur.
Tb. Hasanuddin sacara simbolis masrahkeun kadeudeuh ka Ketua Umum Seniman Satatar Majalengka pikeun sakumna nu Juara Festival Obrog-obrog tingkat Kabupaten Majalengka taun 2023, di Bale Kelurahan Munjul (16/04/2023). Obrog-obrog teh tradisi di Bulan Suci Ramadhan ngabejaan waktuna saur. /Ayank R Sambara/Galura

Dina Bulan Suci Ramadhan 1444 ayeuna, Sasama ngagelar Festival Obrog-obrog tingkat Kabupaten Majalengka, nu diiluan ku seniman Obrog-obrog ti 26 kacamatan sakabupaten Majalengka.

"Festival Obrog-obrog diseponsoran ku Pa Tb Hasanuddin, anggota DPR RI Fraksi PDI Perjuangan Dapil Jabar IX nu oge Pembina Seniman Satatar Majalengka. Alhamdulillah respon masarakat kawilang hade, lomba Obrog-obrog dilebetkeun kana youtube, anu nongtonna ku puluhan rebu," ceuk Deni Heryanto.

Tb Hasanuddin ngaapresiasi ka masarakat nu masih ngamumule Obrog-obrog. "Wilujeng ka sakumna juara Festival Obrog-obrog, pamugi kadeudeuh atanapi panyecep janten barokah, tur kahadean sakumna pamilon sarta kenging ganjaran ti Allah SWT, margi tos haat ngawartosan waktosna saur," ceuk Tb Hasanuddin bari masrahkeun kadeudeuh ka nu juara, di Bale Kelurahan Munjul, Saptu (16/04/2023).

Baca Juga: Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI) 2023 Réa Inovasi, Bakal Béda ti Taun-taun Saméméhna

Juara Festival Obrog-obrog tingkat Kabupaten Majalengka taun 2023: Part 4 Babakan Sauyunan Kordes Gunung Manik, jumlah 53.492 (Juara ka-1), Part 38 Sukasari Kaler, jumlah 36.434 (Juara ka-2), Part 3 Leuwikidang Kasokandel, jumlah 17.360 (Juara ka-3).

Part 8 Jaya Giri Baribis, jumlah 15.262 (Juara ka-4), Part 66 Pasapen Talaga Kulon, jumlah 6.368 (Juara ka-5), Part 5 Domas Sukasari Kidul, jumlah 5.892 (Juara ka-6), Part 16 Keresek Hideung Sinarjati, jumlah 4.434 (Juara ka-7).*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah