Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI) 2023 Réa Inovasi, Bakal Béda ti Taun-taun Saméméhna

- 30 Maret 2023, 06:54 WIB
Wina Armada masrahkeun potongan tumpeng ka Ketua Pokja Alif Direktorat PMM Kemendikbud Ristek, Edy Suwardi, disaksian ku Ketua Yayasan Pusat Perfilman H. Usmar Ismail.*
Wina Armada masrahkeun potongan tumpeng ka Ketua Pokja Alif Direktorat PMM Kemendikbud Ristek, Edy Suwardi, disaksian ku Ketua Yayasan Pusat Perfilman H. Usmar Ismail.* /Benny Benke/FFWI/

 

GALURA - Festival Film Wartawan Indonesia (FFWI), taun ieu baris diayakeun deui, kalawan sababaraha inovasi (parobahan) dibanding taun-taun saméméhna. Upamana, dina acara béwara (pengumuman) nu jadi pinunjul Oktober 2023 engké, baris diayakeun festival sapoé jeput kalawan diwengku ku sababaraha acara, kayaning bazar, pameran, seminar, jeung sajabana.

Para juri FFWI 2023 baris ngajén film-film nu ditayangkeun di bioskop jeung tayangan over the top (OTT) antara 1 Oktober 2022 - 30 Oktober 2023. Film nu diajén ngawengku opat genre, nyaeta horor, komedi, drama, jeung action atawa laga.

Taun 2021 jeung 2022, genre laga can diilukeun. Ku ayana tambahan genre, dina FFWI taun 2023 bakal disayagikeun 40 Piala Gunungan. Ari wincikanana, salapan piala pikeun unsur unggal genre, ditambah opat piala khusus, kaasup hiji piala Best of the Best pikeun pinunjul/film panghadena (film terbaik) di antara sakabéh genre.

Baca Juga: Ngahirupkeun deui Galih jeung Ratna, ‘Gita Cinta dari SMA’ Ngahudang ‘Baper’ nu Lalajo

Sangkan babagi piala téh henteu lila teuing tur jadi leuwih karasa mincutna, acara béwara pinunjul téh bakal dibagi jadi dua bagian, soré jeung peuting.

“Utamana mah supaya FFWI tiasa langkung raket sareng masarakat,” ceuk Ketua FFWI 2023, Wina Armada Sukardi, waktu launching acara di Gedung Pusat Perfilman Haji Usmar Ismail (PPHUI) Jakarta Selatan, Rebo, 29 Maret 2023.

“Tos pasti ulemanana atanapi nu hadirna gé bénten. Pasti masarakat bakal seueur nu ngaluuhan,” ceuk Wina.    

Di sagédéngeun éta, Wina nyebutkeun, aya hiji deui nu ngabédakeun FFWI jeung taun-taun saméméhna. Taun ieu mah, cenah, sakabéh pinunjul baris diaprésiasi dina bentuk duit. “Sanaos teu acan ageung, ieu mangrupi baladah kanggo FFWI salajengna,” ceuk Wina deui.

Baca Juga: Dina Film Serial ‘The Last of Us’, Jakarta jadi Sumber Sasalad

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x