Kapolres Majalengka Ngaroris Pospam jeung Posyan di Rest Area Km166 Jalan Tol Cipali

- 15 April 2023, 10:30 WIB
Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K nu dibarengan ku Wakapolres Majalengka Kompol Bayu Purdantono, S.I.K., M.I.K jeung Kasat Lantas Polres Majalengka AKP Ngadiman, S.Kom, Jumaah (14/04/2023) ngaroris Pospam  jeung Posyan Terpadu di jalan tol Cipali.
Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K nu dibarengan ku Wakapolres Majalengka Kompol Bayu Purdantono, S.I.K., M.I.K jeung Kasat Lantas Polres Majalengka AKP Ngadiman, S.Kom, Jumaah (14/04/2023) ngaroris Pospam jeung Posyan Terpadu di jalan tol Cipali. /Ayank R Sambara/Galura

GALURA - Idul-Fitri tinggal itungan poe, Polres Majalengka geus tatan-tatan nyanghareupan arus mudik jeung arus balik Lebaran 2023. Ceuk Kapolres Majalengka tatan-tatanna teh di antarana, geus nyiapkeun Pos Pengamanan (Pospam) jeung Pos Pelayanan (Posyan) Terpadu di Res Area KM 166 jalan tol Cipali di Wilayah Hukum Polres Majalengka.

Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K nu dibarengan ku Wakapolres Majalengka Kompol Bayu Purdantono, S.I.K., M.I.K jeung Kasat Lantas Polres Majalengka AKP Ngadiman, S.Kom, Jumaah (14/04/2023) ngaroris Pospam jeung Posyan Terpadu di jalan tol Cipali nu diadegkeun sangkan arus mudik jeung arus balik Lebaran lancar.

Kepala Polres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., netelakeun, salian anggotana tatan-tatan, pihakna oge nyiapkeun sarana jeung prasarana pikeun ngarojong lancarna arus mudik jeung arus balik Lebaran di antarana nyiapkeun Pospam jeung Posyan Terpadu di jalan tol Cipali.

Baca Juga: Mapag Lebaran, Bhabinkamtibmas Polsek Sindangwangi Ngaroris Beas jeung Pare

Dina eta kasempatan Kapolres mere arahan ngeunaan sarana jeung prasarana di sababaraha pos nu representatif. Lian eta ngeunaan diterapkeunana One Way, Contra Flow jeung tindakan lianna nu merlukeun ayana personil di lapangan.

"Sababaraha dinten ka payun tatan-tatana saenggalna dimaksimalkeun," ceuk Kapolres Majalengka. Disebutkeun Pospam Kadipaten salahsahiji titik vital nu aya di jalur nasional Bandung - Cirebon," ceuk Kapolres.

Pikeung ngamankeun arus mudik jeung arus balik Lebaran 2023 ceuk Kapolres diperhatikeun kalayan daria. “Taun ieu diprediksi seueurna kandaraan bakal langkung ngaronjat," ceuk Kapolres Majalengka.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah