Mapag Lebaran, Bhabinkamtibmas Polsek Sindangwangi Ngaroris Beas jeung Pare

- 15 April 2023, 09:47 WIB
Bhabinkamtibmas Polsek Sindangwangi Polres Majalengka di wilayah desa binaanana, Desa Leuwilaja (14/04/2023).
Bhabinkamtibmas Polsek Sindangwangi Polres Majalengka di wilayah desa binaanana, Desa Leuwilaja (14/04/2023). /Ayank R Sambara/Galura

GALURA - Bhabinkamtibmas Polsek Sindangwangi Polres Majalengka Bripka Peri Mustopa ngaroris stok pare jeung beas di wilayah desa binaanna, Desa Leuwilaja, Kecamatan Sindangwangi, Kabupaten Majalengka, Jumaah (14/04/2023).

Bhabinkamtibmas Bripka Peri Mustopa nyebutkeun ngaroris tempat ngagiling pare  tujuanna ngarojong sakumna nu mibanda  mesin giling pare sangkan gawe bareng jeung Bulog. Kituna supaya stok beas bisa nyumponan kabutuhan salila bulan Ramadhan tepi ka lebaran.

Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., ditepikeun Kapolsek Sindangwang,  Iptu Wili Rukwili marentahkeun anggotana maneuh ngaroris kabutuhan bahan pokok hususna beas sara ngalaporkeun hasilna ka Kapolsek. Di antarana ngaroris ka tempat ngagiling pare.

Baca Juga: Nyanghareupan Mudik Lebaran Sat Res Narkoba Polres Majalengka Sidak Tes Urine ka Supir jeung ka Kondektur

"Dina mayunan lebaran anggota Bhabinkamtibmas tos gawe bareng sareng Kementrian Pertanian dina ngarojong tur nyukseskeun progam pamarentah dina swasembada pangan sarta ketahanan pangan nasional. Ngaroris stok pangan di lapang maneuh dilaksanakeun,” ceuk Kapolsek Sindangwangi.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x