Pulisi Polres Majalengka Salawasna Gura-Giru Nulungan Korban Laka Lantas

- 9 Mei 2023, 15:28 WIB
Jajaran pulisi di Polres Majalengka gura-giru nulungan korban laka lantas di pengkolan KNPI Kota Majalengka (08/05/2023).
Jajaran pulisi di Polres Majalengka gura-giru nulungan korban laka lantas di pengkolan KNPI Kota Majalengka (08/05/2023). /Ayank/Galura

GALURA –Personil Polsek Majalengka Kota Polres Majalengka gancang nulungan korban laka lantas (kecalakaan lalulintas), Salasa (09/05/2022). Kajadianana di pengkolan KNPI, Kelurahan Majalengka Wetan, Kecamatan Majalengka, Kabupaten Majalengka.

Kepala Polres Majalengka AKBP Indra Novianto ditepikeun Kepala Polsek Majalengka Kota AKP Fiekry Adi Perdana nyebutkeun gancangna pulisi nulungan ka korban laka lantas teh ujaning laku Program Dinamis Presisi sarta 11 Program Prioritas Polres Majalengka nyaeta Bhayangkara Mitra Masyarakat (Bhatramas).

Kepala Polsek Majalengka Kota Polres Majalengka nyebutkeun sabada meunang laporan laka lantas, patugas bakal buru-buru ngadatangan tempat kejadian perkara (TKP) laka lantas sarta nulungan korban.

Baca Juga: KH Maman Imanulhaq Miharep Presiden Ngabralkeun Calon Jemaah Haji Kloter Munggaran di BIJB Kertajati

"Sapertos dina kajantenan laka lantas antawis mobil sareng motor. Nu nganggo motor tatu langsung dicandak ka RSUD Kabupaten Majalengka supados diubaran," ceuk Kapolsek Majalengka Kota.

Kapolsek Majalengka Kota miharep ka masarakat dina make kandaraan boh motor boh mobil ngutamakeun kasalematan sarerea. “Urang sadaya urang sadaya saena janten pelopor kasalametan lalulintas," ceuk AKP Fiekry.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x