KH Maman Imanulhaq Miharep Presiden Ngabralkeun Calon Jemaah Haji Kloter Munggaran di BIJB Kertajati

- 9 Mei 2023, 14:41 WIB
BIJB Kertajati taun 2023 dipake miangkeun calon jamaah haji asal Jawa Barat. KH Maman Imanulhaq miharep nu ngabralkeun kloter munggaran Presiden Joko Widodo.
BIJB Kertajati taun 2023 dipake miangkeun calon jamaah haji asal Jawa Barat. KH Maman Imanulhaq miharep nu ngabralkeun kloter munggaran Presiden Joko Widodo. /Ayank/Galura

GALURA - Bandara Internasional Jawa Barat Kertajati (BIJB Kertajati) taun ieu dipastikeun bakal ngaladenan miangna calon jemaah haji. Anggota Komisi VIII DPR RI KH Maman Imanulhaq miharep Presiden Joko Widodo ngajajapkeun sacara langsung miangna calon jemaah haji kloter munggaran.

Aya 24 kloter calon Jemaah haji nu hiberna ti BIJB Kertajati. Rencanana mah kloter munggaran dihiberkeun tanggal 27 Mei 2023. Kahayang KH Maman Imanulhaq mah nu ngabralkeunana Presiden Joko Widodo. Kituna teh pikeun nembongkeun Presiden konsen dina ngamotekarkeun infrastruktur, kaasup mekarkeun bandara.

"Simkuring miharep Bapa Presiden Jokowi tiasa ngabralkeun miangna calon jemaah haji kloter munggaran di BIJB Kertajati kaping 27 Mei 2023,” ceuk KH Maman Imanulhaq nalika ngaluuhn acara Bimbingan Manasik Haji pikeun Jamaah Reguler Tingkat Kabupaten Majalengka, di Lapang Setda Pendopo Majalengka, Senen (8/5/2023).

Baca Juga: Galura Edisi II Mei 2023, Ngalanglang Gunung Merapi jeung Putri Thailand di Selaawi Limbangan

KH Maman Imanulhaq nu oge pengasuh Ponpes Al Mizan Jatiwangi mastikeun BIJB Kertajati mibanda fasilitas katut infrastruktur feasible di sisi udara (air side). Pon kitu deui sisi darat (land side) pikeun ngarojong hiberna jeung eunteupna kapal udara badag.

Ku dimangpaatkeunana keur miangkeun calon jemaah haji, ceuk KH Maman Imanulhaq, BIJB Kertajati jadi epicentrum gerakna ekonomi di Jawa Barat.

“Sanaos kitu aya sababaraha catetan nu peryogi diperhatoskeun kangge ngarojong kaperyogian penerbangan internasional. Sapertos fasilitas penginapan crew pesawat, aksesibilitas lebet ka bandara sareng kaluar bandara," ceuk KH Maman Imanulhaq.

Pamarentah pusat bareng jeung pamarentah daerah terus ngebut dina pangwangunan sarana jeung prasarana sangkan beuki loba maskapai nu ngagunakeun BIJB Kertajati.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (8): Jaman Bandung Purba

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x