Ngaraketkeun Sinergitas, Forum Komunikasi Buruh Majalengka Nganjang ka Kapolres Majalengka

- 19 Mei 2023, 06:00 WIB
Forum Komunikasi Buruh Majalengka Nganjang ka Kapolres Majalengka , pikeun leuwih ngaraketkeun silaturahmi jeung sinergitas.
Forum Komunikasi Buruh Majalengka Nganjang ka Kapolres Majalengka , pikeun leuwih ngaraketkeun silaturahmi jeung sinergitas. /Ayankj/Galura

GALURA - Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., ngabageakeun silaturahmi Forum Komunikasi Buruh Majalengka, Salasa (16/10/2022).  Forum Komunikasi Buruh Majalengka Majalengka ditarima di ruang tamu Kapolres Majalengka.

Kapolres Majalengka ngahaturnuhunkeun ka Forum Komunikasi Buruh Majalengka nu tumorojog seja silaturahmi. ”Kapayun dipiharep Polres Majalengka sareng Forum Komunikasi Buruh Majalengka tiasa sinergi kangge tetep ngaraketkeun silahturahmi nu langkung hade deui,” pokna.

Silaturahmi jeung sinergitas antara Polres Majalengka jeung Frorum Komunikasi Buruh Majalengka, ceuk Kapolres Majalengka, pikeun nyiptakeun situasi Kamtibmas Kabupaten Majalengka leuwih kondusif.

Baca Juga: Waspada, Sakola di Kabupaten Majalengka Teu Aman, Ulon-Ulonna Geus Aya nu Dicangkalak Polres Majalengka

Dina eta kasempatan, Forum Komunikasi Buruh Majalengka ngapresiasi ka Polres Majalengka kana lumangsungna Aliansi Aksi Sejuta Buruh. Polres Majalengka nyadiakeun fasilitas kalayan hade sarta kagiatan lumangsung kalayan aman tur lancar.

Salian ngapresiasi, Forum Komunikasi Buruh Majalengka nyebutkeun kahareupna bakal dilaksanakeun acara May Day Fiesta, tempatna di Warung Jambu. Eta kagiatan dilaksanakeun dina raraga silaturahmi buruh, nu dikokolakeun ku Forum komunikasi Buruh Majalengka.** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x