IKWI Jawa Barat Ngagelar Rapat Kerja jeung IKWI Jabar Award

- 23 Mei 2023, 06:05 WIB
Bupati Karawang Cellica Nurachadiana (tengah), digédéngan ku Ketua IKWI Jawa Barat Jiean Ajiyanpi Novalia jeung Ketua PWI Jawa Barat Hilman Hidayat (kenca) katut Ketua Umum IKWI Pusat Indah Kirana jeung Ketua Umum PWI Pusat Atal S. Depari (katuhu).*
Bupati Karawang Cellica Nurachadiana (tengah), digédéngan ku Ketua IKWI Jawa Barat Jiean Ajiyanpi Novalia jeung Ketua PWI Jawa Barat Hilman Hidayat (kenca) katut Ketua Umum IKWI Pusat Indah Kirana jeung Ketua Umum PWI Pusat Atal S. Depari (katuhu).* /Tantan/PWI Jabar/

 

GALURA - Ikatan Keluarga Wartawan Indonesia (IKWI) Jawa Barat ngayakeun Rapat Kerja jeung IKWI Jabar Award nu lumangsung di Hotel Mercure Karawang, Saptu, 20 Mei 2023 kaliwat.

Éta Raker Jabar nu ngangkat tema 'IKWI Simple, Humble, Capable' téh, diiluan ku 9 kabupaten kota, nyaéta Kota Bandung, Kabupaten Bandung, Kabupaten Cianjur, Kabupaten Sukabumi, Kota Sukabumi, Kabupaten Indramayu, Kabupaten Majalengka, Kabupaten Subang, jeung Kabupaten Karawang.

Ketua IKWI Jawa Barat, Jiean Ajiyanpi Novalia nyebutkeun, anggota IKWI kudu mibanda jati diri sarta boga integritas nu hadé, kudu boga kétak di lingkungan kulawarga, tur aktip sarta paham dina kaorganisasian.

Baca Juga: Galura Cetak IV Mei 2023, Mahkota Binokasih, Kabupaten Ciamis Mieling Pindahna Puseur Dayeuh Kabupaten Galuh

Baca Juga: HPN Jabar di Karawang, Hajat Rongkah Insan Pers Jawa Barat, Ngagederkeun Seni Budaya Sunda

Dina éta rapat kerja, Ketua Umum IKWI Pusat Indah Kirana ngadadarkeun ngeaunaan Leadership Environment. Dina dadaranana, Indah ogé nyebutkeun, anggota IKWI kudu mibanda karakter anu disingget “Chain”, nyaéta Caring, Humality, Achievement, jeung Integrity. Mibanda rasa miduli nu luhur, mungguh handap asor.

"Ngaronjatkeun kompetensi sareng skill ogé mangrupi salasawios tingkat hasilna organisasi dina ngawujudkeun misi. Ieu téh leres-leres janten harepan sadaya level kapamingpinan katut anggotana,” ceuk Indah.

Sawatara éta, Ketua Bidang Organisasi, Humas dan Umum Rahmayulis Saleh ngadadarkeun ngeunaan Konsolidasi Organisasi, Standar Operational Prosedur (SOP) Organisasi, tata kerja, jeung hirarki IKWI.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x