Dina HPN 2023, IKWI Jabar Ngahadiran Silaturahmi Nasional pikeun Mantengkeun Kakulawargaan Pers Indonesia

- 13 Februari 2023, 14:51 WIB
/Dok. IKWI Jabar./

GALURA - Ikatan Keluarga Wartawan Indonesia (IKWI) Jawa Barat ngaluuhan Silaturahmi Nasional IKWI dina runtuyan kagiatan Hari Pers Nasional (HPN) 2023 di Medan, Sumatera Utara. Dina ieu Silaturahmi Nasional téh diayakeun ogé Konsolidasi Organisasi jeung Penyempurnaan Peraturan Dasar Peraturan Rumah Tangga (PD PRT) IKWI di Hotel Khas Parapat, 7-8 Februari 2023.

Dina HPN 2023 ieu, Ketua IKWI Jawa Barat Jiean Ajiyanpi Novalia langsung ngahadiran Puncak Acara anu lumangsung di Gedung Astaka Jalan Pancing Medan Estate, 9 Februari 2023.

Ketua IKWI Jawa Barat ogé maparin mandat ka Wakil Bidang Organisasi Farida Erlinda Siregar jeung Wakil Bidang Kesra Lelly Indrawati, sarta nugaskeun pikeun jadi Peninjau ka Rika Rachmawati (Sekretaris), Nuryati (Bendara), Rinny Rosliany (anggota), Ika Rostika Rumsari (anggota), Hanny Haryani (anggota), jeung Hendarjati Widijartini (anggota).

Dina Konsolidasi Organisasi, Bidang Organisasi IKWI Pusat maparin kamandang jeung arahan-arahan sangkan Pangurus IKWI di Provinsi atawa Kabupaten/Kota bisa ngajalankeun organisasina kalawan lungsur-langsar, teu aya rereged nanaon.

Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

Satuluyna Bidang Organisasi IKWI Pusat miharep ayana sinergi anu manteng tur pageuh di antara pangurus, tepi ka komunikasi téh henteu pegat luyu jeung fungsi katut tanggung jawab di tingkatan pangurus.

Ketua IKWI Pusat Indah Kirana nyebutkeun, aya 4 tujuan dina PD IKWI anu kudu dilenyepan, nyaéta: tetep kaipukna Jiwa jeung Semangat Pancasila dina UUD 45, mantengkeun hubungan kakulawargaan jeung kasetiakawanan di lingkungan kulawarga Pers Indonesia, nguatan/mageuhan kasadaran anggota pikeun mihormat jeung ngajénan demokrasi katut Hak–hak Asasi Manusia (HAM), turta boga peran dina perjuangan kaum wanita.

Dina Silaturahmi Nasional téh lumangsung ogé Rapat Penyempurnaan PD PRT ku Tim 9. Rapat Penyempurnaan PD PRT diayakeun sangkan PD PRT IKWI jadi leuwih basajan tur hampang minangka padoman jeung aturan pikeun dijalankan.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby

Sumber: PWI Jabar


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x