Hadir dina Pupuncak Acara HPN 2023, Uu Ruzhanul Ulum: Pers Kudu Tetep Nyambungkeun Pamarentah jeung Masarakat

- 11 Februari 2023, 08:37 WIB
/Dok. PWI Jabar /

GALURA - Hadir dina Acara Puncak Hari Pers Nasional di Kota Medan, Sumatera Utara, Kemis, 9 Februari 2023, Wakil Gubernur Jawa Barat Uu Ruzhanul Ulum gedé harepan kana peran insan pers Indonesia.

Uu miharep, media massa di Indonesia bisa terus méré mangpaat ka sakumna masarakat, sarta mampuh ngahijikeun persepsi ngeunaan nasionalisme di tengah rageman, luyu jeung siloka bangsa Bhinneka Tunggal Ika.

“Sim kuring miharep, pers nasional tetep luyu sareng harepan urang sadaya. Nyaéta, iwal ti media pemberitaan, ngabéwarakeun hal nu positif, mangpaat, katut maslahat. Tet -Undangep ngajaga persatuan sareng kesatuan,” ceuk Uu.

Satuluyna Uu negeskeun, ayana pers téh kacida diperelukeun boh ku masarakat boh ku pamaréntah minangka pelaksana nagara dumasar Undang-Undang Dasar 1945.

Ku ayana media massa, ceuk UU,  bakal aya interaksi antara pamaréntah jeung masarakat dina upaya pangwangunan jeung karaharjaan (kasejahtraan) bangsa.

“Pamaréntah Provinsi Jawa Barat peryogi media kanggo janten panyambung sareng masarakat. Atuh masarakat ogé tangtos meryogikeun ayana media kanggo ngadugikeun harepanna ka pamaréntah. Sukses kanggo insan-insan media, hususna insan media Jawa Barat,” ceuk Uu, nandeskeun.

Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

Saméméhna, dina acara gala dinner di Rumah Dinas Gubernur Sumatera Utara, Rebo peuting, 8 Februari 2023, PWI Pusat ngalélér panghargaan ka Gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil, minangka Kepala Daerah Peduli Peningkatan Kapasitas Wartawan Melalui Program 1.000 Uji Kompetensi Wartawan.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby

Sumber: PWI Jabar


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x