Di Daerah Konflik, Ratusan Brimob Diturunkeun pikeun Ngajaga Kaamanan Pilkades Serentak 2023 di Majalengka

- 27 Mei 2023, 06:33 WIB
Polres Majalengka Polda Jabar ngagelar Upacara Pergeseran Pasukan dina raraga ngajaga kaamanan Pemilihan Kepala Desa Serentak taun 2023 (Pilkades Serentak 2023) di Kabupaten Majalengka (26/05/2023), di daerah konflik ngaubkeun Brimob.
Polres Majalengka Polda Jabar ngagelar Upacara Pergeseran Pasukan dina raraga ngajaga kaamanan Pemilihan Kepala Desa Serentak taun 2023 (Pilkades Serentak 2023) di Kabupaten Majalengka (26/05/2023), di daerah konflik ngaubkeun Brimob. /Ayank/Galura

GALURA - Polres Majalengka Polda Jabar ngagelar Apel Pergeseran Pasukan dina raraga ngajaga kaamanan Pemilihan Kepala Desa Serentak taun 2023 (Pilkades Serentak 2023) di Kabupaten Majalengka. Babakuna ngajaga kaamanan di daerah rawan konflik diturunkeun 127 personil Brimob Polda Jabar.

Personil Brimob nga-backup unsur pangamanan di unggal Tempat Pemungutan Suara (TPS) dina Pilkades Serentak 2023 di Kabupaten Majalengka. Apel Pergeseran Pasukan keur ngamankeun Pilkades Serentak 2023 dipingpin langsung ku Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto, S.I.K., dilaksanakan di Lapangan Apel Polres Majalengka, Jumaah (26/5/2023).

Dina Apel Pergeseran Pasukan keur ngajaga kaamanan Pilkades Serentak 2023 diluuhan ku Wakil Bupati Majalengka, unsur Forkopimda Kabupaten Majalengka, Wadanyon C Sat Brimob Polda Jabar, sakumna Pejabat Utama, Kapolsek, rengrengan Polres Majalengka sarta pamilon Upacara Gabungan TNI-Polri katut Sat Pol PP Kabupaten Majalengka.

Baca Juga: Ngobrol Mas, Polres Majalengka Nurunkeun 500 Anggotana Ngamankeun Pilkades Serentak

Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto,S.I.K., netelakeun Upacara Pergeseran Pasukan teh bukti kasiapan sakumna unsur nu milu ngajaga kaamanan Pilkades Serentak 2023 di Kabupaten Majalengka.

“Pangecekan anggota pengamanan dilaksanakeun kangge masihan jaminan rasa aman pikeun sakumna warga masarakat. Nu utami di wilayah nu bakal ngalaksanakeun pemilihan kepala desa serentak di Kabupaten Majalengka,” ceuk Kapolres.

Kapolres umajak ka sakumna masarakat ngawujudkeun Pilkades Serentak taun 2023 sangkan lumangsung kalayan aman, lancar, tur kondusif.

Pilkades Serentak taun 2023 di wilayah Kabupaten Majalengka dilaksanakeun di 23 kecamatan, 64 desa sarta diiluan ku 167 urang calon kepala desa. Jumlah pemilih kacatet 196.205 urang kalayan jumlah TPS 466, surat sora 205.159 lambar.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (21): Lalakon Oidipus Si Suku Bareuh

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x