Mieling Milangka ka-243 Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis, Digelar Tilu Poe Tilu Peuting

- 7 Juli 2023, 06:00 WIB
Warjo Sugiarto, Kepala Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis. Mieling milangakala ka 243 Desa Ciparigi, 20 Juli, lumangsung tilu poe tilu peuting.
Warjo Sugiarto, Kepala Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis. Mieling milangakala ka 243 Desa Ciparigi, 20 Juli, lumangsung tilu poe tilu peuting. /Nanang /Galura

GALURA -Tanggal 20 Juli 2923 teh milangkala ka 243 Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupaten Ciamis. Unggal taun dipieling kalayan gumebyar. Taun ayeuna lumangsung tilu poe, ti Kemis tepi ka Saptu (20-22 Juli 2023.

Titimangsa milangkala ka 243 Desa Ciparigi teh ngadegna pamarentahan desa di Blok Desa Kolot Kampung Citamiang Kulon, tanggal 20 Juli 1780, Kecamatan Sukadana tacan aya. Kuwu (kepala desa) munggaranana katelah ku julukan Kuwu Bintang. Harita Kabupaten Galuh (ayeuna Kabupaten Ciamis) dibupatian ku Adipati Kusumadinata (1751-1801).

Kepala Desa Ciparigi, Warjo Sugiarto nyebutkeun salila tilu poe dina ngareuah-reuah milangka ka 243 Desa Ciparigi, salasahiji desa di Kecamatan Sukadana jeung di Kabupaten Ciamis nu mibanda situs budaya nu kawilang euyeub, digelar rupa-rupa kagiatan.

Baca Juga: Tokoh Agama Kawali Nolak Kabupaten Ciamis Diganti Jadi Kabupaten Galuh

Dimimitian poe Kemis, 20 Juli 2023, digelar lomba kaagamaan keur tingkat desa: lomba tahfiz, murota, pidato, lomba puisi Islami, jeung cerdas cermat agama. Bubukana biasa diluuhan ku camat Kecamatan Sukadana sarta taun ayeuna diharepkeun bupati Kabupaten Ciamis oge ngaluuhan.

Sabada magrib dilaksanakeun tawasulan nu diiluan ku warga jeung ku aparat desa. Sabada isya digelar takbir akbar. Kagiatanana lumangsung di pakarangan Bale Desa Ciparigi.

Poe Jumaah, 21 Juli 2023, sabada solat jumaah, digelar fashion show. Kaur pemerintahan Desa Ciparigi, Yanto nyebutkeun fashion show-na lain fashion show biasa, tapi pakean nu asesorisna dijieun tina barang urut.

Udagan fashion show nu asesorisna tina barang urut pikeun ngageuing jeung ngelingan ka warga sangkan teu miceun runtah kitu wae. Runtah plastik, botol. kaca, beusi, seng, jeung sajabana hadena dikumpulkeun lantaran di Desa Ciparigi geus ngadeg Bank Sampah nu kantorna gigireun Bale Desa Ciparigi.

Baca Juga: Galura Cetak Edisi I Juli 2023, Ngertakan Bumi Lamba, Program Miara Lingkungan Warisan Luluhur Sunda

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah