Mieling Hari Bhayangkara ka 77 taun 2023, Polres Majalengka Ziarah jeung Tabur Bunga di TMP Sawala Kadipaten

- 30 Juni 2023, 14:30 WIB
Dina raraga mieling Hari Bhayangkara ka 77 taun 2023 Polres Majalengka ngagelar ziarah jeung  tabur bunga di TMP  Sawala Kadipaten Jumaah (30/6/2023).
Dina raraga mieling Hari Bhayangkara ka 77 taun 2023 Polres Majalengka ngagelar ziarah jeung tabur bunga di TMP Sawala Kadipaten Jumaah (30/6/2023). /Ayank/Galura

GALURA - Polres Majalengka ngagelar ziarah jeung tabur bunga di Taman Makam Pahlawan Sawala Kadipaten (TMP Sawala Kadipaten). Ieu dina raraga mieling Hari Bhayangkara ka 77 taun 2023 nu ngarojong jejer Polri Presisi untuk Negeri, Pemilu Damai Menuju Indonesia Maju, Jumaah (30/6/2023).

Kagiatan ziarah jeung tabur bunga dina raraga Hari Bhayangkara ka 77 taun 2023 di TMP Sawala Kadipaten dipingpin langsung ku Kepala Polres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K..

Dina Hari Bhayangkara ka 77 taun 2023 Polres Majalengka ngalaksanakeun ziarah jeung tabur bunga di TMP Sawala Kadipaten teh udaganana ngajenan ka sakumna pahlawan nu geus berjoang pikeun ngajaga kaamanan jeung katartiban masarakat.

Baca Juga: Idul Adha 1444 H, Kodim 0617 Majalengka Kurban Sapi jeung Domba

Kapolres Majalengka AKBP ngungkabkeun rasa hormat tur pangajen ka sakumna pahlawan nu geus mere kontribusi luar biasa dina ngajaga ngariksa kaamanan tur katartiban di tanah air.

"Taman Makam Pahlawan Sawala Kadipaten dipilih tempat lokasi upacara teh pikeun ngingetkeun deui jasa tur pangorbananana sakumna pahlawan dina ngajaga nagara," ceuk Kapolres Majalengka.

Kapolres Majalengka umajak ka masarakat pikeun aub dina ngajaga kaamanan jeung katartiban di lingkungan sabudeureunna.

Kapolres oge ngingetkeun pentingna rukun gawe antara masarakat jeung pihak kapulisian dina nyiptakeun lingkungan nu aman tur merenah pikeun sakumna masarakat.

Baca Juga: DKM Al Haq Gelar Solat Idul Adha, Ustadz Zaenal Mutakin: Ibadah Kudu Didasaran ku Karana Alloh

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah