Bupati Ciamis: Idul Adha Momentum Edukasi Ngabentuk Kapribadian jeung Kasolehan Sosial

- 28 Juni 2023, 08:52 WIB
Muhammadiyah ngalaksanakeun solat Idul Adha dina poe Rebo, tanggal 28 Juni 2023. Di Kecamatan Kawali, dilaksanakeun di Masjid SMK Muhammadiyah. Dina sambutanana Bupati Ciamis nyebutkeun Idul Ahdha teh momunetum edukasi,.
Muhammadiyah ngalaksanakeun solat Idul Adha dina poe Rebo, tanggal 28 Juni 2023. Di Kecamatan Kawali, dilaksanakeun di Masjid SMK Muhammadiyah. Dina sambutanana Bupati Ciamis nyebutkeun Idul Ahdha teh momunetum edukasi,. /Nanang/Galura

GALURA –Bupati Ciamis, Herdiat Sunarya, dina sambutan tinulisna samemeh dilaksanakeun solat id di SMK Muhammadiyah Kawali (28/06/2023)  umajak sangkan Idul Adha dijadikeun momentum edukasi keur ngabangun kapribadian jeung kasolehan sosial.

Muhammadiyah ngalaksanakeun solat Idul Adha dina poe Rebo, tanggal 28 Juni 2023. Di Kecamatan Kawali, dilaksanakeun di Masjid SMK Muhammadiyah Kawali, lante dua. Khotibna Ustad Ade Irwan, ari imamna Ustad Anwar Muttaqin. Bupati Ciamis dina eta kasemepatan nagabageakeun sacara tinulis.

“Sikap pasrah sareng iklas nu ditembongkeun ku Nabi Ibrahim jeung Nabi Ismail dina taat kana parentahg Alloh SWT kudu jadi tuladan keur urang sarerea,” ceuk Bupati Ciamis dina sambutanana nu dibacakeun ku pangurus Mummadiyah di masjid SMK Muhammadiyah Kawali.

Baca Juga: UMKM Expo Majalengka Raharja 2023, Tempat Promosi UMKM Kabupaten Majalengka

Ibdah kurban teh ceuk Bupati Ciamis, cara atawa wasilah keur ngahontal katakwaan ka Alloh SWT. Meuncit sato keur kurban eta simbolis kumaha urang kudu nalukkeun sipat nu teu hade. “Kamampuan ngadalian diri bagean tina pangorbanan urang,” poknma.

Pangorbanan oge kudu ditembongkeun dina ngaheulakeun kapentingan sarerea batan kapentingan pribadi atawa golongan. “Ieu salasahiji hikmah Idul Adha,” ceuk Bupati Ciamis. Ibadah Kurban nagentuk kapribadian nu resep silihtulungan jeung kasalehan sosial.

“Ibadah kurban nu bareng jeung ibadah haji diharepkeun bisa ngaleungitkeun kasenjangan sosial, tei kajalin dululuran nu leuwih raket sakumaha nu ditembongkeun dina wukuf,” ceuk Bupati Ciamis.

Bupati Ciamis oge miharep ngarayakeun Idul Adha pinuh ku kabarokahan sarta tetep sabar jeung tawakal dina nyanghareupan ujian jeung cocoba. “Mudah-mudahan urang sarerea dipasihan kalancaran dina nyorang kahirupan dibarengan ku optimism jeung kauatan batin,” pokna.

Baca Juga: Munaqosah Metode Ummi Madrasah Al Haq Ngawangun Generasi Qur'ani

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x