Gelar Fornas VII Bupati Miharep Kabupaten Bandung Jadi Pribumi nu Someah

- 27 Juni 2023, 10:00 WIB
Kabupaten Bandung tempat Fornas VII, Bupati Bandung miharep Kabupaten Bandung jadi pribumi nu someah.*
Kabupaten Bandung tempat Fornas VII, Bupati Bandung miharep Kabupaten Bandung jadi pribumi nu someah.* /Sopandi/Galura

GALURA-Festival Olahraga Rekreasi Nasional VII 2023  (Fornas VII 2023) dilaksanakeun tanggal 2-9 Juli 2023 di Kabupaten Bandung. Tina kitutna, Bupati Bandung Dr. H.M. Dadang Supriatna miharep, Kabupaten Bandung jadi pribumi nu somèah.

"Simkuring miharep Kabupaten Bandung dina Fornas VII 2023 janten pribumi nu somèah dugi ka para tamu ngaraos tingtrim,," ceuk Dadang Supriatna satutas rapat koordinasi jeung sababaraha OPD di Gedung Toha Pemkab Bandung, Soreang, Senèn (26/6/2023).

Dadang ngaku ngarasa bungah sabab kagiatan nasional Fornas VII 2023 pamilonna aya kana 22.700 urang sarta bakal daratang ka Kabupaten Bandung. Inyana miharep ieu kagiatan sukses. Dina penyelenggaranana, prestasi, administrasi, jeung sukses secara ekonomi.

Baca Juga: Tb Hasanuddin Ngirim Bantuan keuir Korban Kahuruan di Desa Silihwangi Bantarujeg

"Dina pertanggungjawaban keuangan, ku margi ngagunakeun APBD, mugia taliti, ulah dugi ka euforia sareng hilap kana tanggelwaler, " pokna.

Dadang Supriatna ogè miharep, 76 inorga ti Kabupaten Bandung, jeung kurang leuwih 411 atlet bisa meunang medali tur Jawa Barat bisa jadi pinunjul.

Bupati nyebutkeun aya tilu venue nu baris digunakeun dina kagiatan nasional Fornas VII, di antarana di Lanud Sulaiman, jeung di Si Jalak Harupat. Venue ogè geus siap100 persen. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x