Kapolres Majalengka Mingpin Upacara Ketua Satkamling Taun 2023

- 22 Juni 2023, 11:00 WIB
Sarengsena mingpin Upacara Ketua Satkamling, Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto,S.I.K, masragkeun laying pangajen ka juara Pos Satkamling, Rebo (21/6/2023).
Sarengsena mingpin Upacara Ketua Satkamling, Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto,S.I.K, masragkeun laying pangajen ka juara Pos Satkamling, Rebo (21/6/2023). /Ayank/Galura

GALURA -Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto,S.I.K., mingpin Upacara Ketua Satuan Keamanan Lingkungan (Satkamling) Taun 2023 nu digelar di pakarangan Satuan Reserse Kriminal (Sat Reskrim) Polres Majalengka, Rebo (21/6/2023).

Upacara Ketua Satkamling nu dimpin ku Kapolres Majalengka diluuhan ku Waka Polres Majalengka, Kompol Bayu Purdantono, S.I.K.,M.I.K, Pejabat Utama, Kapolsek, Perwira, unsur TNI, Camat sarta sakumna Ketua Satkamling oge anggota Linmas sa-Kabupaten Majalengka.

Kapolres Majalengka, dina kasempetan eta macakeun amanat langsung ti Kepala Kepolisian Republik Indonesia (Kapolri). “Upacara (Ketua Satkamling) teh salah sawios tarekah Polri dina revitalisasi Satkamling,” pokna.

Baca Juga: Lomba Menembak Kapolres Majalengka Cup Ngagumebyarkeun Milangkala ka 77 Bhayangkara Taun 2023

Polri ngamotekarkeun potensi masarakat ku cara pengamanan swakarsa keur mengkuhkeun sistem kaamanan lingkungan. Hal ieu sajalan jeung Program Transformasi Polri nu Presisi dina kawijakan Transformasi Operasional Program ka-5 jeung kagiatan ka-21: ngaronjatkeun peran aktip pamswakarsa di lingkungan.

Polri medalkeun Perpol No. 4 Taun 2020 ngeunaan Pengamanan Swakarsa. Ieu jadi landasan hukum jeung nandeskeun tugas sarta tanggung jawab dina Satkamling.

Satkamling teh garda panghareupna lantara aya di tingkat RT/RW, kelurahan/desa. Dipiharep mampuh jadi early warning kana potensi kajahatan sarta bisa gancang nyinglar tindak pidana.

Kapolres Majalengka nepikeun cumelukna Kapolri ka sakumna Ketua Satkamling. Kapolri umajak ka sakumna Ketua Satkamling terus ngaronjatkeun kompetensi, disiplin, sarta sumanget dina ngalaksanakeun tugas nu jadi garda panghareupna dina ngajaga kaamanan lingkungan.

Baca Juga: Raja Sunda Tarusbawa Ngarerepeh Patelakna Karajaan Kalingga jeung Karajaan Sriwijaya

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah